Kumpulan Karya Aji Nurhamzah Angkatan 2010


Sajak # Bima Putra #

Kawah candradimuka
Nyalukan Jabang Tutuka
Anu paéh salah wayah
Nandangan Naga Percona


Disipuh ku para déwata
Rarancang Sanghiang Widi
Deudeupan nagri kahiangan
Palintang jadi panglima perang


Ngaguruh angin puyuh
Ngarabut akar jajantung
Jagat meredong
Dibaturan cimata langit
Gatot Kaca turun timega malang
Tunggang Garuda Arimuka

__Hei Naga Percona
Ieu kaula Gatot Kaca
Nu bakal mawa anjeun ka tegal pati
Rasakeun, rasakeun, rasakeun kasktén kaula
Ajian Brajamusti...

Dor dar gelap di panca buana
Nyalukan nagri kahiangan
Neda widi ka Sanghiang
Nyabut pati nu jadi musuh sinatria


Ngarumpuyuk Naga Percona
Berebet lumpat Gatot Kaca
kerewek beuheungna dicekel
Belewer dialungkeun ka awang-awang

Mesat ngapung putra sangarimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila, beuki luhur baé

Punah angkara murka
Balébat harepan geus kasampak
Bungah amarwatasuta
Gatot Kaca panglimana

29 Januari 2013

Sajak # Kembang Patamorgana #

Ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang
Geter rasa cumarita
Sono patepang dina impénan

Halimun peuting nangkeup cahaya ti kaweningan
Dalingding angin mawa kumalayang ka méga malang
Ngaworkeun rasa nu pinuh ku kahéman
Neuteup anjeun jadi angkeuhan akang

Duh nyai
Geuning anjeun kembang patamorgana
Nu sakolépat dina raga
Nyimpen hasrat mika cinta

29 Januari 2013

Sajak # Juragan Dasamuka #

Leumpang gancang muru puseur dayeuh; salaksa jét melesat ka awang-
awang. Mawa ringgit jeung hépéng keur rorongkong nu bakal mawa jitu keur
manéhna. Wur, ringgit jeung hépéng diawurkeun. Sora gumuruh
ngendagkeun jajantung mirig sukma saréréa. Boa ieu, boa ieu nu bakal
mawa cahaya kaweningan. Ceuk saurang nu semu nyampoyong. Meuweuh
paceklik unggal tung-tung lembur, ringgit jeung hépéng numpurkeun
pancasila jeung undang-undang. Dualas rébu lima ratus ngendagkeun
kayakinan saréréa.
Bodo, bodo geus cangcaya ka juragan dasamuka, nu ngabéla karohakaan.

29 Januari 2013

Sajak # Sagara Impénan #

Nu napel na lelembutan
Saban peuting nu ngawang-ngawang
Teu matak cangcaya
Geuning anjeun nu anyar pinanggih

Soca anjeun lir ibarat jaladri
Hérang ngemplang taya papadana
Nanjeurkeun dina ati
Balayar saba jaladri nagri

Teuteupan panon hideung
Nebak atma ngukir wangwangan
Napak sagara impénan
Meuntas ati kembang lamunan

29 Januari 2013

Sajak # Murtad Sunda #

Kuring urang Sunda
Kuring jadi Mahasiswa basa jeung sastra Sunda
Nu unggal kuliah kudu ngomong basa Sunda
Nyatet dina buku kudu maké basa Sunda

Kuring maca, kudu buku Sunda
Kuring ngobrol jeung batur kudu Sunda 

Étika kuring kudu Sunda
Hirup kuring geus Sunda batur-batur

Kabéh Sunda
Sagala Sunda
Ieu Sunda
Itu Sunda

Horéam aing, Sunda, Sunda, Sunda
Iraha atuh aing ngomong inggris
Iraha atuh aing ngomong basa deungeun
Geus teu hayang, Sunda, Sunda, Sunda

Nyata ayeuna dulur
Basa Sunda rék dileungitkeun ku juragan Mentri
Aing bungah, aing rék pindah ti Fakultas nu eusina, Sunda, Sunda, Sunda
Kajeun murtad Sunda ti batan éra kabina-bina

29 Januari 2013

Sajak # Jagat Satria #

Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Ngadeg satria koncara ti Amarta
Satria Pandawa luhung budina
Pasopati ngaléntabkeun musuhna

Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Jungjunan nu pinuh kucinta
Jungjunan nu miboga rasa
Jungjunan nu buméla ka rahayatna

Hareupeun kelir
Pandawa nyingraykeun musuhna

Hareupeun kelir
Batarayuda saksina

Hareupeun kelir
Meupeuhkeun nu rohaka

Hareupeun kelir
Punah angkara murka

24 April 2013

Sajak # Sunda Peryoga #

Dulur
Pangjagakeun basa warisan karuhun
panggeuingkeun turunan urang nu embung meuweuh kahéman
hudangkeun sumanget nu mustari
sangkan nyekel pageuh jati dirina

Dulur
geura miang ka Walanda
paheutkeun dina dada
anjeun teu pireu
prung padungdung nonoman Sunda!

Ngaguruh geni dina dada
salaksa kujang peryoga
mata seukeut jamparing na kayakinan
nyangga darma tinu kawasa

Sora goong ngendagkeun jajantung
tarompét nérétét nurihan haté
Sunda padungdung tarung
tumpes saha-saha anu deleka

Kuningan 26 Februari 2013 Aksi Budaya Hima Dikbastrada jeung Béngkél
sastra STKIP Muhammadiyah Kuningan


Sajak # Riksa Diri #

Bissmilahirohmanirrohim
Kalawan nyebat jenengan Alloh
Nu Maha Welas tur Asih
Kuring nurutkeun haté
Kana tulisan leutik

Geus nepi mana kahirupan urang
Geus boga naon keur jaga pagéto
Lain urang kaamanatan
Mingpin diri sangkan leuwih amanah

Urang rék mawa naon keur bahan pagéto
Rék mawa amal hadé
Rék mawa kadunyaan nu teu di paliré
Geus salah kaprah hirup urang

Ngagugulung kasenangan saharita
Dimana jiwa pamingpin urang
Nu geus dibéré amanat ku Kagungan Alam
Ngucap syahadat saméméh di jero kandungan
Tandaning urang siap nyekel amanat
Gubragna urang kadunya
Naha geus jadi pamingpin nu amanah
Mana janji urang ka Gusti
Anu rék satya ka mantenna
Kamanakeun Al-Qur’an
Nu jadi cecekelan urang sadaya

Riksa diri urang ayeuna
Beulah mana ka kurangan urang
Beulah mana kalakuan nu jadi codéka
Beulah mana caritaan nu nyeurikeun batur

Gusti...
Nu Maha Welas tur Asih
Neda Hampura nu kasuhun
Nu teu amanah kana paréntah Gusti
Nu teu nyekel bebeneran Al-Qur’an.

29 Januari 2013 

Sajak # CAPRESKU #

Sodara-sodara
sebangsa dan setanah air
Tolonglah, biar saya saja yang jadi presiden.
anda jadi rakyat jelata saja, nanti saya lakukan KKN.
jangan hawatir, jadi rakyat jelat selalu dikasih RASKIN, untuk makan
keluarga anda.
terjangkaulah untuk anda.
saya juga mohon, saya ingin menjual sedikit bahasa dan budaya kita.
nanti kita bisa gunakan bahasa dan budaya lain.
tak usah pusing memikirkan semua itu.
andakan rakyat jelata.
tak usah nawarlah, biar saya saja yang jadi presiden.
anda, cuma perlu coblos nama saya saat pemilu.
tidak apa-apa, saya yang tanggung semuanya di aherat nanti.
biar, nanti saya LPJ di depan Tuhan.

29 Januari 2013

Sajak # Tuhan Mati #

Aku mati
Tubuhku membusuk

Jarum morfin liar di benakku

Aku mati
Tubuhku terbalur nanah

Pelacur tidur bersamaku

Tuhan mati
Hatiku keras membatu

08 Maret 2013


Sajak # Cerita Untuk Tuhan #

Dulu
Aku senang bersepeda
Melewati rindangnya pepohonan
Memuji alam desaku

Dulu
Nenek selalu bercerita
Ketika aku hendak tidur
Bercerita tentang alam desaku

Dulu
Kakek tak pernah lelah mencangkul
Berjalanpun ia sanggup
Sanggup memikul
Sanggup menggendongku

Udara
Sejuk
Pohon
Rindang
Air
Bersih
Revolusi
Menjadi Bencana

Apa yang terjadi?

Tuhan tidak melihatku menangis
Kakek
Nenek
Entah menjadi apa sekarang

Kuda menjadi besi tembaga
Sawah menjadi rumah istana

Desaku
Hanyut

Tuhan
Berapa lama revolusi ini akan terjadi?
Sudahkah Tuhan bicara pada alam desa?
Apa alam desaku senang revolusi ini?

Kuningan 12 Mei 2013




DAYANG SUMBI                                                    D
Yang katanya Aku mawar                                                                  A
Yang katanya Aku berduri                                                     Y
Yang katanya Aku risau                                             A
Yang katanya pisau                                         N
Yang katanya Aku sehelai kertas        G
Yang katanya Aku mabuk di tengah dangau
Yang  katanya Aku Sinderela.
Membalikan fakta, mereka-reka alur hidup dalam naskah
Menghilangkan kereta kencana dengan
gumam mantra Dewa-dewa              S
Yang katanya Aku mawar                              U
Yang katanya Aku berduri                                         M
Yang katanya Aku layu                                                          B
Yang katanya Aku matahari                                                               I
Yang katanya Aku air
Yang katanya memberi nafas pada setangkai
Ya, Aku Dayang Sumbi
 
Kuningan, Oktober 2013

KABATINAN
………………..
Dulur batin dulur lahir batin anak batin
Nyampak dina embun-embun
Dulur lahir batin anu opat kalima pancer
Kawula ménta ki dipangjagakeun kadulur
Dulur batin dulur lahir batin anak batin
Nyampak dina embun-embun
Dulur lahir batin anu opat kalima pancer
Kawula ménta kidung sima keur balaréa
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Dulur batin dulur lahir batin anak batin
Nyampak dina embun-embun
Dulur lahir batin anu opat kalima pancer
Lahir batin anu arék hasud kabadan kawula

Kuningan, Oktober 2013
 
Ahh…
Déng
Awét rajét
Awak aing dina batu

Ngagalaksak
Awét rajét
Mata aing dina batu

Déng teuing
Awak aing dina batu
Mata aing dina batu
Ngagalaksak
Awét rajét

Déng
Awét rajét
Awak aing dina batu

Kuningan, Oktober 2013





BAYU WENING
Nincak wening anu nyangkaruk dina bulu halis katumbiri. 
Réh bayu gumalindeng kana sukma. 
Anjeun nu nyumput nyalindung dina caah halimun. 

Siliwangi tatan-tatan di Pasir gadang. 
Panon mencrong lir hinis megatkeun jajantung. 
Naha anjeun pireu? 
Kula mo sudi. 

Riakna langit ngaworkeun bayu. 
Hadé lengkah, nutur kelir padalangan. 
Geura tabeuh goong padungdengan. 
Nincak wanci nu mustari. 

 Kuningan,03 Agustus 2013


Gembala
Menggenggam satu bait irama sajak
Ceritakan anak gembala sedang risau
Dia langkahkan kaki lewati teluk
Membasuh muka dengan air tawar

Kuningan, Oktober 2013


Fikmin # Pél Putus Cinta #
Lep. Pél dilegleg. Lima tablét. Gelekgek. Ci téh amis. Kumalayang. Nyawang kanu anggang. Lep deui lima tablét. Nyéréngéh. Seuri sorangan.

Meuntas jalan. Gupuy-gapay. Ngeureunkeun mobil jeung motor nu liwat. "Gélo siah" Ceuk nu mawa motor. Ngan ditémbalan ku seuri leutik. Leumpang asa ngalayang. Bumi asa muter. Boa épékna.

"Kabogoh Kuring nu kamari, calon sarjana ékonomi. Geulisna kawanti-wanti. Ngan hanjakal ditinggal pergi," Ngawakwak sisi jalan.

10 Mei 2013
Fikmin # Parkiran #
Isuk-isuk. Siga ti sasari. Motor jeung mobil pagegeyek. Parahi hayang asup ka tempat pangiyuhna. Béh teu kahujanan baruk téh. Isuk ieu Odon kabagian dines. Ba’da subuh Odon geus taraptip. Rap. Pakéan dines dipaké. ”Sarapan heula Kang,” ceuk Pamajikanna. Ceg kana piring. Odon cacamuilan. “Angkat heula nyi,” jung. Odon mangkat ka tempat gawéna,“ saban mipir jalan. Ras inget ka si Utun Inji. “Poho, teu nyium heula,” gerentes haténa.

“Terus… Terus…” Odon sigep markirkeun mobil. Belewer duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Mata poé geus luhureun tangkurak sirah. Ngahéab. Regot és kalapa. “Kurang teu ésna, Don?” Mang Udi nanya. “Cekap Mang,” témpasna. “Aya mobil nu rék ka luar tuh,” Mang Udi tutunjuk.

“Kiri.. Kiri… Kiri…, ya terus,” Odon meuntaskeun mobil. Belewer deui duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap deui kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Séot. Beledag. Motor ngabelesat, nempo Odon bacucuran getih sisi jalan.
22 April 2013

Fikmin # Getih Kasedih #
"Kumaha ieu Pa," Indungna muka caritaan. "Apa gé lieur kedah kumaha. Gering kamari téh lain waras, kalah ka nambahan panyakit. Kumaha seug Manéhna apaleun boga panyakit nu kitu patut," barabay cipanon maseuhan pipi. "Kajeun kamari Apa nu mélaan nyumbang getih keur si Ujang, tibatan kudu nyokot ti PMI," Témbong kakeuheul. "Rawat deui kitu?" témpas Indungna. "Mah Ujang ameng heula un," nyéréd momobilan ka buruan.

Abong imah sisi jalan, reuwas jeung reuwas lamun budak ulin di buruan. Mobil ting serepet. Motor ting saréot. Geus teu nyaah kana nyawa. Jegér... Budak kateumbrag mobil. Getih ngabayahbah. "Tulung...... budak, budak Kuring katabrak mobil," Carawak nu teu jadi harti. Belenyeng Kuring langsung ka Rumah sakit "Punten pa, kedah tambah darah, tos seueur darah kaluar. Ka PMI nyandak darahna," pok Dokter. Ceunah mah Kuring teu cocok getihna jeung si Ujang. Nempo budak bacucuran getih. Gebeg. Reuwas, sing teu kaburu katulungan.

Geus sajam Kuring antri. Teu siga ti sasari PMI ngayakeun donor bébas. Kabéh jalma parahi hayang donor. "Béh séhat," ceuk hawar-hawar ti tukang mah. Bus. Jalma tatoan ka Tempat donor.

23 April 2013


Fikmin # Euweuh Béjana #
Kapaksa. Disiksa. Katingker ku tegalan pati. Sora péstol, layon pabalatak, getih ngabayahbah sisi jalan, geus umum, lain jadi rusiah keur Ukim. Lain ukur manéhna, kabéh rahayat ngarasakeun. Gawé paksa nu diterapkeun ku Walanda, nyangsarakeun sakumna rahayat leutik nu teu boga titél pendidikan.
"Kecruk.. Kecruk.." Pacul Abah Karta jeung nu séjénna diaradu jeung taneuh. Gék. Abah Karta nyanghunjar luhureun batu. "Abah reureuh heula Kim," Ceuk Abah karta. Hemar-hemir.

Jol Walanda nu kulitna hideung tur jangkungna sapantaran Ukim. "Héy Pak Tua, geula digawé," Walanda neunggeul Abah Karta. Bekkk.. "Aduh!" Abah Karta nahan kanyeri. Neuleu Abah Karta diteunggeul, Ukim males neunggeul. "Beledag.." Walanda ngagolépak. Prit... Prittt.. "Kamu pembelontak, halus dimasukan ke tahanan," ceuk Robert Van Boomel.
Ukim dibui. Saprak harita, ngaran Ukim jeung Abah Karta euweuh béjana.

18 April 2013

Fikmin #Tilu Léngkah Révolusi#
Gap, bandéra dikebut-kebut. Barabat korlap ngarahkeun masa ka hareupeun gedong sigrong. Brul, kabéh leumpang. Galindeng Indonésa raya. Jalan sahéng. "Téétt.. Téétt..." Sora klakson rabeng disarada. "Kajeun, sangkan masarakat apal nu teu dipikanyahona, yén hak maranéhna teu dipaliré," Korlap ngaintruksikeun, sangkan masa waka méré jalan ka nu laliwat. Sabudeureun gedong sigrong geus pinuh ku ratusan Mahasiswa. Anggota Déwan bur-ber néangan témpat panyumputan. Pulisi jeung jeung Satpol PP geus saged nahan masa.

Potrét kiwari, jadi tanda. Aspirasi Mahasasiswa geus mo didéngé. Rahayat geus kumaha karepna. Teuing, nepi mana bakal tungtungna. Ceuk béja Nagara Urang kaya, ceuk béja Nagara Urang démokrasi, ceuk béja Nagara Urang ahéng ku budaya, ceuk béja Nagara Urang, Nagara Urang jeung sajabana.

17 April 2013

Fikmin # Cap Orang Tua #
"Montong balik deui ka imah, geus teu sudi nempona ogé. Ti poé ieu, ulah anggep deui aing kolot manéh. Indit sia," Bapana ambek, teu tumarima kana lalampahan anakna. Iding ngaléos ninggalkeun imahna. "Duh Gusti, salah naon simkuring, naha atuh anak téh bet jadi nu teu dipiharep. Saban poé, ngan ukur ngagugulung pidosaeun," juuh cipanon, bari mebeskeun manéh kana bantal.

Layung geus némbongan, sora adan magrib geus nyalukan. Leumpangna meni teu walakaya, tetempoan remeng-remeng. Tangkurak sirah beurat ku rewuan pél éxtesi. Ngubeng, lir kincir anu muter satakerna. Golépak. Iding ngagolér sisi jalan. Kaluar budah tina lalambéna.

"Ilaing geus waktuna ingkah ti Dunya Iding, ayeuna ilaing kudu milu jeung kula," ceuk nu maké jubah hideung. "Waka heula dicandak nyawa kula nun, kula sieun Naraka," Iding hemar-hemir. "Geus papastén ieu mah, montong nolak siah" nu maké jubah neunggeulkeun pepentungna.

Beledag.... Tangkurak sirahna kateunggeul ku Botol cap orang tua. Blug. Iding ngagolépak sisi jalan.

26 Maret 2013

Fikmin # Warta#
Di Pom bénsin Cimekar, motor jeung mobil ngabrul ka dinya. Geus hésé pisan usik. Paingan di pom nu séjénna mah geus masang plang “Bénsin kosong” geuning da nu mareulina mélaan antri ti isuk jeput. Jaba marawa jarigén deuih, salian ti ngeusian kana kandaraanana teh. Bénsin nu di sisi
jalan geus naék hargana jadi sapuluh rébu. Teuing ti iraha mimitina, bisa naék jiga kitu patut. Ayeuna kbéh Radio jeung TV keur paheula-heula ngawrtakeun kajadian nu keur sahéng di masarakat.

“Aya warta naon euy, meni husu kitu,” brek, Iding langsung cingogo hareupeun tv. “montong gandéng,” témpas Tatang, semu ambek. Jalan Sudirman sahéng ku ratusan Mahasiswa. Orasi dimana mendi. KPK jeung polisi pulang anting néangan anu bakal méré sogokan. “Koran!, koran!, koran!, Présidén bunuh diri, koruptor telah pergi,” tukang koran milu riweuh nawarkeun daganganna.

Dor-dor-dor!!! .., sora nu gegedor kana panto "aya saha di jero imah,
buka." Ceuk nu di luar. "Ulah dibéjakeun aya di imah," Tatang ngawanti-
wanti ka Iding. Bray. Panto dibuka. "Tatangna aya dak? Montong ka luar
heula, béjakeun." kitu ceuk jalma jangkung hideung, nu tuluy ngaléos. Iding
melengek.

4 April 2013

Fikmin # Jas Beureum #
Jas beureum nu ngagantung di jero lamari. Bray panto lamari dibuka. Rap dipaké, dicobaan. Katempo keretas salambar luhureun méja, gap langsung dibaca eusina nepi kaimeut. "Rék diringkus, rék diabuskeun kana sél, teu paduli. Jas beureum, jeung rahayat leutik jadi harga diri aing," ceuk Atmasuria, katelah aktivis kampus anu kahot, jeung gedé wawanén.

Brul ratusan Mahasiswa ti beulah kalér. Jalan Siliwangi jadi lautan jas beureum. Spanduk nu pinuh ku jargon, jeung sindiran keur koruptor dipentangkeun. "sakumna Mahasiswa, teu gedag bulu salambar, najan péstol némpél dina tangkurak sirah. Nyingkah sia koruptor" Atmasuria orasi hareupeun Pémda.

Polisi ngajéjér hareupeun Pémda, péstol jeung sagala pakarang geus siap sadia, keur ngajaga bisi aya karusuhan. "montong satengah-satengah jadi aktivis mah jang, Mahasiswa téh sorana rahayat leutik, nu kudu dibela" ceuk bapana. Atmasuria beuki ngaléntabkeun sora kana mikropon.

31 Maret 2013

Fikmin #Balik Sakola#
Matapoé geus na mumunggang gunung. Layung beureum pareng jeung léngkah Dayat nu nyorang pangbalikan. Saban lembur kaliwatan, péngkolan jeung tanjakan geus katincak. "duh Gusti kuatkeun kuring," Dayat nahan hanaang dina tikoro garingna. "badé dina motor jang?" tukang ojég eureun hareupeun Dayat. "henteu kang, tos caket." témbal Dayat semu leuleus. Réwuan léngkah kabayaran, ku panto imah anu geus kasampak hareupeun matana. "kajeun suku péngkor, kajeun tikoro béngkok, tibatan teu asup sakola." gerentes Dayat nu narima kana kaayaan.

8 Maret 2013

Fikmin # Balik Sakola II #
Matapoé geus di luhureun tangkurak sirah. Panasna meni teu surti ka nu laleumpang. Késang nyurucud, tikoro garing, da geuning poé nongtoréng. Jalan raya sahéng ku nu balik dines jeung sakola. Motor jeung mobil seselendepan. Atuh leumpang téh beuki mipir-mipir pasir. Saban léngkah mapay jalan pangbalikan, katempo és kalapa anu nyalukan, céndol Bandung ngaléléwé, komo és campur ngadodoho baé. "beu, ngeunah sigana itu inuman téh. Hanjakal duit téh kari sarébu," ceuk Dayat bari neureuy ciduh. "és kemong, és kemong," tukang és kemong gogorowokan beulah kéncaeun jalan. Dayat muka dompétna, nyokot sisa duit bekel sakola. "mang, mésér és kemong," Dayat ngasongkeun duit sarébu. Tidid.. tidid... tidid.... Sora klakson motor ti kajauhan. Blug. Dayat rubuh. Juuh cipanon sabudeureunna. Éstuning pikawatireun nu nempo.

11 Maret 2013

Fikmin #Balik Sakola III#
Jagat ngadadak jadi simpé, anu laleumpang pating colohok nepi ka matana ngaburial kaluar. Mobil jeung motor nu silih pépéd, jadi ting keteyep jiga kuya. Sirineu ambulan ti kajauhan geus kadéngé gorowokna, kandaraan beuki mépéd ka pinggir, méré jalan ka mobil ambulan. "punten pa, ieu murangkalih tos kapaéhan," tukang és kemong pinuh ku kahariwang. Cur cor getih ti mana mendi, sakabéh awak baseuh ku getih. "tabrak lari, tabrak lari eta mah," sora hawar-hawar kadéngé ku Dayat nu keur kapaéhan. "jang, jang, tos mendingan?" Dokter nanya ka Dayat nu geus sadar.

12 Maret 2013

Fikmin #Balik Sakola IV#
Mongkléng saparat langit. Bulan jeung béntang teu némbongan sakolébat-kolébat acan. Girimis marengan peuting nu simpé. Kembang di buruan katirisan. Sato-sato nyarumput, bakating embung kabaseuhan. Kabéh jalma jempé, saukur nangkeup tuur jeung nyanghareupan kopi hideung. Rep, kabéh rohangan lampuna pareum. "gardu nu di hareup kagelap," jalma riwud teu puguh. Kabéh rohangan jadi sahéng. Budak orok ceurik sataker kebek, suster jeung dokter kabéh hariwang. "tenang, tenang," ceuk dokter. "Gusti, salametkeun jisim abdi," gerentes Dayat di jero rohangan. Kanyeri jeung kasedih, neumbrag Dayat nu cicing sorangan di rohangan.

12 Maret 2013

Fikmin #Wasta simkuring Nining#
Wawuh jeung manéhna téh keur jaman kelas 4 SD. Teu kahaja, nganteur bapana nyandak pangsiunan. Kabeneran lokétna sarua nomer sakitu. Kuring jeung manéhna dikenalkeun ku bapana masing-masing. Bari nungguan téh ngobrol mani uplek nepi ka balikna. Poé ka minggu, minggu ka bulan, bulan ka taun, kuring teu pernah panggih deui jeung manéhna, ti saparak harita geus nganteur bapa nyandak pangsiunan.
"Tétt.. tétt… tétt…." sora bél asup kelas. Barudak pating buriak asup ka kelasna séwang-séwangan. "Dinten ayeuna kelas X A kadongkapan murid anyar," barudak sakelas éprak. "Wasta simkuring Nining" Manéhna ngawanohkeun. "Gusti, geuning manéhna, nu harita ngobrol jeung kuring di rohangan ," gerentes kuring.

9 Maret 2013

Fikmin #Wasta simkuring Nining II#
Jam katilu geus kaliwat, ayeuna geus cunduk kana waktu istirahat sakola. "Tétt.. tétt.... tétt...." bél istirahat disada. "Mangga istirahat, ké urang lajengkeun deui diajarna minggon payun," ibu guru mungkas pangajaran poé ieu. Unggal istirahat, kantin téh mani sahéng kunu jarajan, aya nu jajan ciréng, somay, cilok, batagor, jeung réa-réa deui. Batur sakelas mah keur pakupis ku jajanan, silih asaan. Katempo ti hareupeun kelas, Nining keur cicing teu kecét-kecét acan. Can boga batur katempona mah. "Masih tepang?" kuring nyampeurkeun ka hareupeunna. Nining teu némbalan. "Kuring nu baheula ngobrol jeung anjeun di rohangan bank." Nining angger teu némbalan. Teuing poho, teuing dipoho-pohokeun. "Punten, abi badé ka perpus heula," bari ngaléos kaluar.

11 Maret 2013

Fikmin #O D#
Hiji poé, di hiji imah. "Enggeus, ari rék kieu baé mah. Eweuh parobahan pisan. Ti mimiti poé ieu urang pipisahan." Ceuk Méméd. Kaluar cimata budak awéwé anu ngadéngé kolotna pipirakan.
"Allahu Akbar, Allahu Akbar" Ngagalindeng sora adzan subuh neumbrag sora kasét jeung lampu diskotik nu pating baranyay. Ret, sora diskotik jadi jempé. Kabéh jalma pating buriak balik séwang-séwangan.
"Néng nuju naon?" Edi nanya ka budak nu cangeluk hareupeun gerbang diskotik nu geus tutup. Budak tanggah saeutik-saeutik nempo Edi bari seuri leutik. "Geuning teu acan uih?" Edi nanya nu kadua kalina. Budak angger ngajawab ku seuri leutik. "Néng, néng, kunaon?" Edi reuwas, bari ngoyag-ngoyag awak budak awéwé nu beungeutna jadi pias. Budak ngasongkeun leungeunna, bari nembongkeun cangkang obat. Dina cangkang obat aya tulisan "Harus sesuai dengan resép dokter."
"Ba, ba, bapa" Prak, budak ngadimprak teu walakaya, bari kaluar budah tina sungutna.

7 Maret 2013

Fikmin #Private Number#
Peuting ieu mah asa rada coréngcang. Tiiseun pisan siga di pajaratan. Pipikiran jadi marojéngja, teuing nyawang kamana ari uteuk kuring. Basa kamari mah asa hirup kuring téh, da loba babaturan téa. Tapi ayeuna mah siga aya di jero pajaratan. “Kirining, kirining, kirining” télépon disada. “Hallo!!” Kuring ngangkat télépon. “Ahh, jalma téh euweuh gawé, tengah peuting nélépon, bari jeung private nomerna,” bari kukulutus dina jeuro haté. nomer private nu bieu nelepon deui “Hallo,” pok kuring. Nu nélépon teu kecét-kecét acan, nepi aya kana 15 menitna. Kuring ngahaja teu ditutup téléponna, hayang apal naon maksudna nélépon kuring. “Aa, abi sono ka Aa,” ceuk manéhna. Télépon langsung ditutup ku manéhna.

4 Maret 2013


Fikmin # K.A #
"Gejug. Gejug.. Gejug..." Awor sorana. Meuntas leuweung jeung gunung. Matak ngarey. Ras inget mangsa nu ka tukang. "Kecruk.. Kecruk..." pacul ngigel jeung buleudna batu. "Selamat datang di statsiun gubeng" ceuk sora na sapéker.
30 April 2013


Fikmin #Paguneman Peuting Lebaran#

“Abot, lamun seug kudu ninggalkeun si néng mah.” ceuk pamajikanana méméh saré. Ampir unggal waktu nyarita kituna téh. “Titip si néng,” pok deui pamajikanana. Bancét ngabangingik maturan peuting anu marojengja. Nyawang kaditu, nyawang kadieu, teu karuh jeung panjangna rél karéta anu maturan leumpangna pipikiran.
“Ngalih ka kamar Pa, tos wengi. Ulah kulem dina korsi,” néng Ica ngageuingkeun. “Ke énjing apanan badé jiarah ka makamna si mamah. Bilih lebet angin kulem di luar mah,” léos néng Ica ka kamar. “Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar,” sora takbir béh kuloneun imah.
“Tos ageung geuning Pa, si néng téh. Tos gaduh panginten nyah?” celekeung deui gambar halis pamajikanana.
  

Fikmin #Gandrung#
 Panonpoé mucunghul deui. Hujan teu cios maturan ameng. Nuju gandrung saurna. Lauk kokocépakan. Milarian hujan nu gandrung. Angin ngolébat ka palih kalér. Badé ngabéwarakeun ka lembur singkur, nu ngantosan ti bulan agustus, ba'da raraméan di balé désa. "Hujan teu cios nyimpangna, nuju gandrung. Sakumna warga Singkur teu kenging ngarep-ngarep," ceuk angin nu sakolébatan.
 Batu di walungan barau, tara marandi. Pédah walunganna protés. Tara aya nu mayar cai. Hujan ogé nuju gandrung. Walungan bangkrut. Najan nuju protes, walungan mah réa baturna. Plastik és krim. Plastik ciki. Permén karét, sareng si és campur Mang Jojo. Janten waé teu gandrung sapertos hujan.
 Angin ngolébat deui ka lembur Singkur. Badé ngabéwarakeun deui. Pok angin "Hujan tos teu gandrung deui, énjing badé nyimpang ka lembur dieu," Lembur singkur sorak. Malah aya nu lulumpatan, ningal hujan nu teu gandrung deui. Walungan motah, plastik ciki bungah, plastik és krim mijah. Hujan teu gandrung deui.

Fikmin #Mobil Bok Bodas
"Kabéjaan ku Ki Lurah, adi. Bener, Mang Sartam téh maot?" Abah iwung daria naker. "Leres Aka," témbal Mang Joni. "Matak pikawatireun baruk maotna ogé?"Bereyek hujan gedé. Abaah Iwung jeung Mang Joni lumpat bedas. Sisi jalan deukeut sawah Mang Sartam, aya saung paragi ngiuhan. "Mang Sartam teu susuguh sasajén keur karuhun, basa panén kamari. Béasna hangru. Anak jeung Pamajikanna di Tabib Liong, keur diubaran." Derekdek Mang Joni nyaritakeun.Hujan beuki ngagebrét. Angin milu séah. Hawangan caah. Sasari mah loba nu nguseup atawa nu nyair. Katempo jarang kadieunakeunna mah.Ceuk Aki Samud, urang lembur Cisari téh geus tara susuguh di dauan. Matak kitu akibatna. Loba nu ngadadak gering.Geus dua bulan, mobil bok bodas éta remen liwat lembur Cisari. Mang Sartam pernah manggihan mobil éta téh keur di dauan. Teuing, barang nempo Mang Sartam, mobil langsung minggat."Bener Adi, keur loba musibah lembur urang téh." Abah Iwung nyindekeun.

Fikmin # Parkiran #
Isuk-isuk. Siga ti sasari. Motor jeung mobil pagegeyek. Parahi hayang asup ka tempat pangiyuhna. Béh teu kahujanan. Ba’da subuh, Odon geus tarapti. Rap. Pakéan dines dipaké. ”Sarapan heula Kang,” ceuk Pamajikanna. Ceg kana piring. Odon cacamuilan. “Angkat heula nyi,” jung. Odon mangkat,“ saban mipir jalan. Ras inget ka si Utun Inji. “Poho, teu nyium heula,” gerentes haténa.
“Terus… Terus…” Odon sigep markirkeun mobil. Belewer duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Mata poé geus luhureun tangkurak sirah. Ngahéab. Regot és kalapa. “Kurang teu ésna, Don?” Mang Udi nanya. “Cekap Mang,” témpasna. “Aya mobil nu rék ka luar tuh,” Mang Udi tutunjuk.
“Kiri.. Kiri… Kiri…, ya terus,” Odon meuntaskeun mobil. Belewer deui duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap deui kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Séot. Beledag. Motor ngabelesat, nempo Odon bacucuran getih sisi jalan.

Cakrawala Budaya Sunda (CBS)


            Indonesia adalah Negara yang memiliki kekayaan beraneka ragam yang tersebar dari sabang sampai merauke.  Kekayaan yang dimiliki oleh masyarakat Indonesia tersebut bukan hanya berupa kekayaan sumber alam saja,  tetapi   masyarakat Indonesia juga memiliki kekayaan lain seperti kekayaan akan kebudayaan suku bangsa Indonesia yang tersebar diseluruh kepulauan Indonesia.  Menurut koentjaraningrat (1985) Salah satu unsur kebudayaan adalah bahasa dan kekayaan kebudayaan yang ada di pulau jawa adalah bahasa sunda yang dimiliki masyarakat Jawa Barat pada umumnya. 
      Akan tetapi pada era globalisasi dewasa ini, bahasa sudah banyak terpengaruh oleh bahasa luar, sehingga kedudukan bahasa sedikit demi sedikit mulai terkikis.  Begitu pula halnya di Jawa Barat khususnya di Wilayah III Cirebon  dan Ciamis, pada kenyataannya sebagian besar masyarakat setempat kurang berminat menggunakan bahasa Sunda yang pada hakikatnya merupakan bahasa daerah sebagai alat komunikasi dalam kehidupan sehari-harinya.  Oleh karena itu, secara tidak langsung berpengaruh kepada perkembangan karya sastra sunda termasuk di dalamnya sajak sunda yang kurang diminati oleh kalangan pelajar.
      Sebagai Mahasiswa jurusan Bahasa dan sastra Sunda yang tergabung dalam Himpunan Mahasiswa Dikbastrada STKIP Muhammadiyah Kuningan kami merasa bertanggung jawab untuk melestarikan bahasa daerah (bahasa Sunda).  Dan sebagai bentuk rasa tanggung jawab,  kami akan berusaha dengan cara menyelenggarakan suatu event atau kegiatan. Dengan tujuan menanamkan rasa cinta terhadap nilai–nilai bahasa dan sastra daerah pada generasi muda khususnya serta masyarakakat Kuningan pada umumnya.
      Dengan demikian, dalam rangka melestarikan budaya dan sastra sunda, HIMA Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda STKIP Muhammadiyah Kuningan akan menyelenggarakan Pasanggiri tingkat SLTA/sederajat se-Wilayah III Cirebon dan Ciamis dengan tema Miéling Bulan Basa Riksa Setra Budaya SundaYang akan dilaksanakan pada tanggal 7 dan 8 November 2012.
          
Untuk Formulir Pendaftaran Dapat Di Download Dibawah Ini.
Download

Conto Pidato Sunda

Biantara Laporan Ketua Panitia Pasanggiri Pupuh

Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan waktos sareng tempat ka
sim kuring kango ngadugikeun laporan panitia. Salajengna sim kuring seja
ngadugikeun salam ka sadayana; assalamu ‘alaikum warohmatullohi
wabarokatuh, ditéma ku kedaling puji ka Gusti anu Mahasuci; alhamdulillahi
robbil ‘alamin, réhna ku ayana widi ti Anjeunna ieu acara tiasa lumangsung
kalawan lungsur-langsar .
Hadirin anu dipihormat,
Sim kuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan
panitia anu parantos dipasihan kapercantenan kanggo ngokolakeun kagiatan
pasanggiri pupuh tingkat kacamatan. Sim kuring saparakanca anu jumlahna opat
welas jalmi kalayan resmi parantos di-SK- an ku Bapa Camat dua sasih anu
parantos kalangkung. Nya ti ngawitan harita sakumna panitia cuh-cih; ngayakeun
gempungan, nyusun rarancang kagiatan, milarian waragad, nangtoskeun waktos
sareng tempat lumangsungna pasanggirinyebarkeun uleman ka sakumna calon
patandang, nangtoskeun déwan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna
pisan acara dina dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka
Bapa Camat anu parantos masihan kapercantenan kanggo janten panitia. Ieu
kedaling panuhun téh ogé disanggakeun ka sakumna sesepuh sareng
paraseniman katut budayawan, anu parantos masihan panuyun, bongbolongan,
sareng rupi-rupi bahan ka panitia. Tanpa ayana panuyun ti aranjeunna, sim
kuring saparakanca bakal seueur utag- atog dina ngalaksanakeun ieu acara téh.
Teu hilap deuih sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka Bapa-bapa sareng
Ibu-ibu staf kacamatan katut lembaga sanésna anu seueur pisan masihan
bantuan ka panitia. Saterasna sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka
sakumna masarakat kacamatan Cikarang, hususna pisan mah ka anu ngariring
ancrub jenten patandang ieu pasanggiri.Namung sok sanaos kitu, alhamdulillah
pangbagéa ti masarakat kaétang ageung. Buktosna waé ti dalapan désa nu aya
diwewengkon Kacamatan Cikarang, sadayana ngintunkeun utusan. Salajengna ku
sim kuring badé didugikeun ka Bapa Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo
tingkat SD aya 46 patandang, sareng kanggo tingkat SLTP aya 18 patandang. Ku
émutan sim kuring mah ieu jumlah patandangtéh kaétang nyugemakeun.
Jalaran patandang kaétang seueur, ieu pasanggiri téh badé diduadintenkeun;
dinten ieu sareng dinten énjing. Kanggo dinten ie, patandang tingkat SD anu
kabagéan waktos. Énjing giliran tingkat SLTP, bari disakantenankeun sareng
wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan hadiahna mah insya Alloh badé
disarengkeun dina acara resépsi 17 Agustus, sakantenan badé digabungkeun
sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri katut perlombaan sanésna.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta miling
tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng
Dangdanggula. Upami pupuh pilihanana, saban patandang tiasa nyandak
salasawios ti saluareun anu opat nembé. Boh pupuh wajib boh pupuh pilihan,
sadayana ogé parantos disadiakeun ku panitia.
Dina ieu kasempetan,sim kuring sakantenan ngadugikeun sah-sahana girang
pangajén. Tangtos kanggo urang moal bireuk deui.Girang pangajén disesepuhan
ku Bapa Penilik Kebudayaan, lajeng diwuwuh ku réngréngan anggotana anu
seueurna opatan, nya éta Ibu Hajjah Cicih Sudarsih, Bapa Drs. Diki Darmawan,
Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra. Yuningsih. Alhamdulillah, sadayana girang
pangajén ayeuna parantos tiasa sumping.
Hadirin hormateun sim kuring,
Ieu pasanggiri tiasa lumangsung kumargi ayana pangrojong ti sadayan pihak.
Jalaran kitu, sim kuring saparakanca teu kinten nganuhunkeunana. Pamugi waé
kasaéan Bapa, Ibu, sareng Sadérék sadayana kalebet kana amal anu baris
diganjar ku Alloh swt., amin!
Ku tiasa lumangsungna ieu pasnaggiri téh sim kuring saparakanca gaduh
harepan, mugi-mugi waé perhatosan urang kana seni budaya titinggal karuhun
sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri pupuh, mugi-mugi sing kalebet kana
tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri urang.
Minangka pamungkas pisanggem, sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun
dihapunten tina sadaya kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos ari dina leresan
tataharna mah asa atos maksimal, tapi rupina ari kakirangan mah sok aya waé.
Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka sakumna patandang, girang
pangajén, sareng parauleman.
Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa lancar dugi ka lekasanana.
Sareng pamugi waé aya dina rido Gusti Anu Mahasuci, amin!
Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Carita Parahyangan

Dicutat tina Atja (1968) Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Bandung: Jajasan Kebudajaan Nusalarang Téks Carita Parahyangan Tarjamahan dina basa Sunda kiwari: I Enya kieu Carita Parahiyangan teh. Sang Resi Guru boga anak Rajaputra. Rajaputra boga anak Sang Kandiawan jeung Sang Kandiawati, duaan adi lanceuk. Sang Kandiawan teh nyebut dirina Rahiyangta Dewaradja. Basa ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi, ngalandi dirina Rahiangta di Medangjati, oge katelah Sang Lajuwatang, nya mantenna nu nyieun Sanghiang Watangageung. Sanggeusna rarabi, nya lahir anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang Kusika, Sang Garga, Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya eta: Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba jeung Sang Wretikandayun. II Aya manuk ngaranna si Uwur-uwur, oge katelah Si Naragati, nyayang di pangjarahan Bagawat Resi Makandria. Anakna dihakan ku jaluna. Dicarekan ku bikangna. Carek bikangna: "Kacida hinana, lamun urang teu boga anak teh. Bireungeuh tuh Bagawat Resi Makandria!Tatapa soteh bane bae sangsara da henteu boga anak." Carek Bagawat Resi Makandria: "Kumaha rek boga anak. Da kawin oge henteu." Ti dinya, carek Bagawat Resi Makandria: "Aing dek indit ka Sang Resi Guru, ka Kendan." Manehna datang ka Kendan. Carek Sang resi Guru: "Na nahaon bejana, hidep Bagawat Resi Makandria, nu matak datang ka dieu?" "Pangampura bae; saleresna aya piwartoseun. Dek nyuhunkeun pirabieun. Lantaran kawartosan ku manuk si Uwur-uwur, nu nelah oge si Nagaragati. Sanggemna kacida hinana, lamun urang teu gaduh anak." Carek Sang resi Guru: "Jig hidep ti heula ka patapan deui. Anaking Pwah Rababu geuwat susul Bagawat Resi Makndria. Lantaran nya manehna pijodoeun hidep teh, anaking." Pwah Rababu terus nyusul, dating ka patapan Sang Resi Makandria, teu diaku rabi. Kabireungeuheun aya widadari geulis, ngarupakeun Pwah Mandjangandara, nya geuwat Rasi Makandria ngajadikeun dirina Kebowulan. Terus sanggama. Carek Sang Resi Guru: "Enten, anaking Pwah Sanghiang Sri! Jig hidep indit ngajadi ka lanceuk hidep, ka Pwah Aksari Jabung." Ti dinya Pwah Sanghiang Sri indit sarta terus nitis, nya lahir Pwah Bungatak Mangalengale. III Carek sang Mangukuhan: "Nam adi-adi sadaya urang moro ka tegalan." Sadatang ka tegalan, kasampak Pwah Manjangandara reujeung Rakean Kebowulan. Diudag ku limaan, sarta beunangna pada jangji, yen saha anu pangheulana keuna numbakna, nya manehna piratueun. Keuna ditumbak ku Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara teh. Kebowulan lumpat ka patapan, sadatangna hos bae paeh. Ku Sang Wretikandayun dituturkeun, kasampak pwah Bungatak Mangalengale keur nyusu ka Pwah Manjangandara. Pwah Bungatak Mangalengale teh ku Sang Wretikandayun di bawa mulang ka Galuh, ka Rahiangta di Medangjati. IV Rahiyangan di Medangjati lawasna ngadeg ratu limawelas taun. Diganti ku Sang Wretikandayun di Galuh, bari migarwa Pwah ngatak Mangalengale. Ari Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang moro, Sang Katungmaralah jadi tukang nyadap sarta Sang Sandanggreba jadi padagang. Nya ku Sang Wreti Kandayun Sang Mangukuhan dijungjung jadi Rahiangtung Kulikuli, Sang Karungkalah jadi Rahiangtang Surawulan, Sang Katungmaralah jadi Rahiyangtang Pelesawi, Sang Sandanggreba jadi Rahiangtang Rawunglangit. Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di Galuh, nya terus ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi sarta ngalandi dirina jadi Rahiangta di Menir. Dina waktu bumenbumen, harita teh nya nyusun Purbatisti. Lawasna jadi ratu salapanpuluh taun. Diganti ku Rahiang Kulikuli, lawasna jadi ratu dalapanpuluh taun. Diganti ku Rahiangtang Surawulan, lawasna jadi ratu genep taun, katujuhna diturunkeun, lantaran goring lampah. Diganti ku Rahiangtang Pelesawi, lawasna jadi ratu saratusdualikur taun, lantaran hade lampah. Diganti ku Rahiangtang Rawunglangit, lawasna geneppuluh taun. V Diganti ku Rahiangtang Mandiminyak. Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja, ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg Batara Hiang Buyut di Denuk; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di Galuh. Carek Sang Resi Guru: "Karunya aing ku Rahiang Sempakwaja henteu boga pamajikan. Anaking Pwah Rababu! Hidep leumpang ungsi Rahiang Sempakwaja, lantaran aya manehna pibatureun hidep tatapa." Sang Resi Guru ngagesek totopong jadi jaralang bodas, nya indit nyampeurkeun Rahiang Sempakwaja, nu harita kabeneran keur ngawelit. Carek Sanghiang Sempakwaja: "Na naha nya aya jaralang bodas etah?" Cop nyokot sumpit, terus diudag rek disumpit. Pwah Rababu kapanggih eukeur mandi di talaga Candana. Carek Rahiang Sempakwaja: "Ti ma etah nu mandi?" Sampingna dileled ku sumpit, beunang. Aya baturna para Pwah Aksari, tuluy lalumpatan ka tegalan. Pwah Rababu dibawa ku Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida dipikaasihna. Nya lahir anakna lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora jeung Rahiang Demunawan. VI Barang ngadenge tatabeuhan ngaguruh teu puguh rungukeuneunana, tatabeuhan di Galuh, Pwah Rababu terus mulang ka Galuh di dinya teh taya kendatna nu ngigel. Sadatangna kaburuan ageung, cek Rahiangtang Mandiminyak: "Patih, na naon eta ateh?" "Bejana nu ngigel di buruan ageung!" "Eta bawa pakean awewe sapangadeg, sina marek ka dieu. Keun tanggungan aing. Geuwat bawa sacara paksa!" Patih indit ka buruan ageung. Pwah Rababu dibawa ka kadaton. Dipirabi ku Rahiangtang Mandiminyak. Kacida bogohna ka Pwah Rababu. Tina sapatemonna, nya lahir anak lalaki dingaranan Sang Sena. VII Carek Rahiang Sempakwaja: "Rababu jig indit. Ku sia bikeun eta budak ka Rahiangtang Mandiminyak, hasil jinah sia, Sang Salahlampah." Rababu tuluy leumpang ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiang Sempakwaja mikeun budak ieu, beunang sia ngagadabah aing tea." Carek Rahiangtang Mandiminyak: "Anak aing maneh teh, Sang Salah?" Carek Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih ku sia budak teh teundeun kana jambangan. Geus kitu bawa kategalan!" Dibawa ku patih ka tegalan, Samungkurna patih, ti eta tegalan kaluar kila-kila nepi ka awang-awang. Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak. "Patih teang deui teundeun sia nu aya budakna tea!" Ku patih diteang ka tegalan, kasampak hirup keneh. Terus dibawa ka hareupeun Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sena. VIII Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku Sang Sena. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku Rahiang Purbasora. Kajaba ti eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga anak Rakean Jambri. Sanggeusna manehna sawawa indit ka Rahiangtang Kidul, ka Denuh, menta dibunikeun. Carek Rahiangtang Kidul: "Putu, aing sangeuk kacicingan ku sia, bisi sia kanyahoan ku ti Galuh. Jig ungsi Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan, sarta anak saha sia teh?" Carek Rakian Jambri: "Aing anak Sang Sena. Direbut kakawasaanana, dibuang ku Rahiang Purbasora." "Lamun kitu aing wajib nulungan. Ngan ulah henteu digugu jangji aing. Muga-muga ulah meunang, lamun sia ngalawan perang ka aing. Jeung deui leuwih hade sia indit ka tebeh Kulon, jugjug Tohaan di Sunda." Sadatangna ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti dinya ditilar deui da ngajugjug ka Rabuyut Sawal. Carek Rabuyut sawal: "Sia teh saha?" "Aing anak Sang Sena. Aing nanyakeun pustaka bogana Rabuyut Sawal. Eusina teh, 'retuning bala sarewu', anu ngandung hikmah pikeun jadi ratu sakti, pangwaris Sang Resi Guru." Eta pustaka teh terus dibikeun ku Rabuyut sawal. Sanggeus kitu Rakean jambri miang ka Galuh. Rahiang Purbasora diperangan nepi ka tiwasna. Rahiang Purbasora jadina ratu ngan tujuh taun. Diganti ku Rakean Jambri, jujuluk Rahiang Sanjaya. IX Carek Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru, saha kituh anu pantes pikeun nyekel pamarentahan di urang ayeuna." Sadatangna patih ka Galunggung, carek Batara Dangiang Guru: "Na aya pibejaeun naon, patih?" "Pangampura, kami teh diutus ku Rahiang Sanjaya, menta nu bakal marentah, adi Rahiang purbasora." Hanteu dibikeun ku Batara dangiang Guru. Carek Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, indit beunangkeun ku sorangan. Elehkeun Guruhaji Pagerwesi, elehkeun Wulan, Sang Tumanggal, elehkeun Guruhaji Tepus jeung elehkeun Guruhaji Balitar. Jig indit Rahiyang Sanjaya; elehkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan. Maranehna meunang kasaktian, nu ngalantarankeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan henteu kabawah ku dangiang Guru. Lamun kaelehkeun bener maneh sakti." Rahiang Sanjaya tuluy perang ka Kuningan. Eleh Rahiang Sanjaya diubeuber, nepi ka walungan Kuningan. Rahiang Sanjaya undur. "Teu meunang hanteu aing kudu ngungsi ka dieu, lantaran diudag-udag, kami kasoran." Ti dinya Rahiang Sanjaya mulang deui ka Galuh, Sang Wulan, Sang Tumanggal mulang deui ka Arile. Rahiang Sanjaya tuluy marek ka Batara Dangiang Guru, Carek Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, naon pibejaeun sia, mana sia datang ka dieu?" "Nya eta aya pibejaeun, apan kami dipiwarang, tapi kami eleh. Ti mana kami unggulna, anggur kami diuber-uber ku Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan." Sanggeus kitu Rahiang Sanjaya tuluy mulang ka Galuh. X Carek Sang Wulan, Sang Tumanggal, sang Pandawa di Kuningan: "Mawa pisajieun, urang miang ka Galunggung, pakean lalaki sapangadeg, pangcalikan, munding sarakit (?), beas sacukupna pikeun dahar." Sadatang ka Galunggung, eureun di Pakembangan. Kasampak ku (Sang) Pakembangan. tuluy popojan ka Batara Dangiang Guru. Carek Batara Dangiang Guru: "Aya beja naon?" "Pun Batara Dangiang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan." "Kacida bagjana sia datang ka dieu. Jung miang ka Galuh. Ondang Rahiang Sanjaya, caritakeun, kudu mawa pisajieun, pakean lalaki sapangadeg, pangdiukan wulung, munding sarakit (?), kawali beusi jeung beas sacukupna pikeun dahar." Sadatang sia ka Galuh, carek Rahiyang Sanjaya: "Aya pibejaeun naon, sia Pakembangan?" "Kami teh dititah ku Dangiang Guru. Rahiang Sanjaya supaya mawa pisajieun salengkepna. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan." Rahiang Sanjaya indit. Barang nepi ka hareupeun Dangiang Guru, carek Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya! Lamun kaereh ku sia Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan, aing bakal nurut kana sagala ucapan sia. Da beunang ku aing kabawah. Turut kana ucapan aing. Da aing wenang ngelehkeun, hanteu kasoran. Da aing anak dewata." Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan kabawah ku Batara Dangiang Guru. Sang Wulan dijenengkeun Guruhaji di Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha. Sang Pandawa di Kuningan jadi Guruhaji Lajuwatang. Sang Puki jadi Guruhaji di Pagerwesi. Sang Manisri dijadikeun Buyuthaden Rahesa di Puntang. Buyuthaden Tujungputih di Kahuripan. Buyuthaden Sumajajah di Pagajahan. Buyuthaden Pasugihan di Batur. Buyuthaden Darongdong di Balaraja. Buyuthaden Pagergunung di Muntur. Buyuthaden Muladarma di Parahiangan. Buyuthaden Batuhiang di Kuningan. XI Rahiyang Sanjaya tumetep di Medang Ratu di Galuh, Sang Seuwakarma. Ari adina Ratu Galuh, miara sabaraha hiji anak munding, nyieun padumukan pikeun muja. Pindah-pindah tempat, sewabakti ka Batara Upati. (Nelah) Rahiang Wereh, nu matak disebut kitu, waktu ditilar, adi lanceuk masih laleutik keneh. Teu tulus jadi ratu, lantaran (huntuna) rohang, mangkana katelah Rahiang Sempakwaja. Rahiyang Kidul oge hanteu bisa jadi ratu sabab burut, nya jadi Wikuraja. Sang Seuweukarma jadi Tohaan di Kuningan, lahirna di patapan, enya eta anak Rahiang Sempakwaja. Cek Rahiang Sanjaya: "Atuh masih pernah dulur aing, aki! Lamun kitu mah karah. Ulah weleh mere bantuan ka aing, aki patih!" Cek patih: "Muga-muga bae bisa deui urang ngamalkeun Sanghiang Darmasiksa. Ulah teu digugu!" Omongan para patih ka Rahiang Sanjaya: "Lamun haying unggul perang, geura mangkat ti Galuh!" Prang ka Mananggul, eleh sang ratu Mananggul, Pu Anala pamanggul juritna. Tuluy ka Kahuripan, diperangan, eleh Kahuripan, Rahiangtang Wulukapeu taluk. Tuluy ka Kadul, diperangan eleh Rahiang Supena, taluk. Tuluy ka Balitar, diperangan, eleh sang ratu Bima. Ti dinya Rahiang Sanjaya nyabrang ka wilayah Malayu. Kemir diperangan, eleh Rahiangtang Gana. Perang deui ka Keling, eleh Sang Sriwijaya. Perang ka Barus, eleh ratu Jayadana. Perang ka Cina, eleh pati(h) Sarikaladarma. Mulang Rahiang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Tunda. XII Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, ngayakeun gempungan jeung para patih; raja dicaritakeun hal pangajaran kaparamartaan. "Nam urang rek marek, mawa kiriman ka Rahiang Sanjaya. Cokot emas sakati, lima boehna, bawaeun urang ka Rahiang Sanjaya." Dina danget eta, oge di Galuh ngayakeun kumpulan jeung para patih sakabeh. "Nam urang nyieun labur di jalan gede pakeun ngabageakeun Sang Seuweukarma, lantaran enya eta Rahiang Kuku." "Barang datang ka sisimpangan ka Galuh jeung ka Galunggung, dipapag, dihormat disayagian cai pikeun sibanyo." Carek Rahiangtang Kuku: "Sang patih, bawa kami marek ka rahiang Sanjaya. Tah emas sakati, lima boehna." Carek sang patih: "Pun Tohaan! Boh emas boh beusi henteu diajenan ku Rahiang Sanjaya. Nu diajenan teh ngan huripna jalma rea." Rahiangtang Kuku jadi kabingungan. Terus mulang deui ka Arile. Carek Rahiangtang Kuku: "Na naon pakeun urang bakti ka Rahiang Sanjaya?" XIII Sakitu mulyana, ieu tangtu Rahiang Sempakwaja. Ayeuna urang caritakeun Rahiangtang Kuku, indit ka Arile, ngababakan di Kuningan. Kasohor Rahiangtang Kuku, enya eta Sang Seuweukarma, ngadeg di Kuningan, anakna Rahiang Sempakwaja. Indung bapana teh tempat panyaluuhan jalma rea. Dayeuh, desa, pulo jeung sakurilingna: ti Keling bakti ka Rahiangtang Kuku; Rahiangtang Luda di puntang; Rahiangtang Wulukapeu di Kahuripan; Rahiangtang Supremana di Wiru; Rahiang Isora di Jawa sang ratu Bima di Bali (tar); di Kulon di Tu(n)tang Sunda nyabrang ka wilayah Malayu. Rahiangtang Gana ratu di Kemir; Sang Sriwijaya di Malayu, Sang Wisnujaya di Barus, Sang Bramasidi di Keling. Patihna Sang Kandarma di Berawan; Sang Mawuluasu di Camara Upatah; Sang Pa(n)cadana ratu di Cina. Kabeh kabawah ku Rahiangtang Kuku. Kabeh ngaku ratu ka nu calik di Saunggalah. Kabawah ku Sang Seuweukarma, sabab Ngukuhan ajaran Dangiang Kuning. Di Galuh Rahiang Sanjaya nanyakeun: "Kumaha sang patih, pilukeun urang? Urang hanetu dianggap kulawarga ku Rahiangtang Kuku. Sang patih! Jig indit sidikkeun ku sorangan ka Kuningan. Bisa jadi urang dipajarkeun turut campur kana karia, padahal urang henteu dibejaan, daek indit." Sang patih nepi ka Kuningan, marek ka kadaton, terus ngabakti ka Rahiangtang Kuku. Carek Rahiangtang Kuku: "Oh sang patih!Na naon bejana, mana dating ka dieu?" Carek sang patih: "Kami dititah ku Rahiang Sanjaya. Diparentah nyidikkeun ka dieu. Saha nu dijungjung, nu dijenengkeun ratu?" Carek Rahiang Kuku: "Eh sang patih! Pantesna nya aing dijungjung dijenengkeun ratu ku balarea. Ngan ti Rahiang Sanjaya mah henteu diharepkeun, lantaran kulawarga, jeung moal ka kami mah, sabab dianggapna resep maehan kulakadang baraya. Malah aing ditempatkeun ka Kuningan oge ku Rahiang Sempakwaja. Aing beunang Rahiang Sempakwaja nempatkeun ka Kuningan ieu teh. Mana aing teyu diganggu ku Rahiang Sanjaya." Sang patih mulang ka Galuh. Ditanya ku Rahiang Sanjaya: "Aki, kumaha carek Rahiangtang Kukuka urang?" "Pun, Rahiang Sanjaya! Rahiangtang Kuku teh tapana kataekan. Ngagem Sanghiang Darma kalawan Sanghiang Siksa. Tumut kana wisik Sang Rumuhun, jadi lulugu dina Hirup kumbuh. Kukituna ku urang turut tanpa rasa gigis. Tembongkeun ku urang, da urang jeung Tohaan teh saturunan, kabeh ge pada-pada turunan dewata." Geuwat dicokot pustaka ku Rahiang Sanjaya. Barang nepi terus diungkab eta pustaka teh. Unina kieu: "Ong awignam astu, kretajugi balam raja kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya retuning dewata, sang adata adining ratu dewata sang sapta ratu na caturyuga. Sang Resi Guru tipekur di nu suni ngayuga Sang Kandiawan jeung Sang Kandiawati. Nya puputra Rahiangtang Kulikuli, Rahiangtang Surawulan, Rahiangtang Pelesawi, Rahiangtang Rawunglangit, bungsuna Sang wretikandayun. Sang Wretikandayun boga anak Rahiang Sempakwaja, Rahiang Kidul, Rahiangtang Mandiminyak. Rahiangtang Mandiminyak boga anak Sang Sena, sang Sena boga anak Rahiang Sanjaya." Awewe geulis, Dobana mawa parahu, panjangna tujuh deupa, dibagian hareupna dimomotan rupa-rupa pakarang. "Urang ka nusa Demba!" Nya terus maranehanana balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek ngamuatkeun Pwah Sangkari Pucanghaji Tunjunghaji, ditumpakkeun dina gajah putih. Kakara ge leumpang sapanjang buruan. Teu disangka-sangka Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma cunduk ka nusa Demba, tuluy ka kadaton, diuk tukangeun Sang Siwiragati. Rahiangtang Kuku diudag ku gajah putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Henteu aya balik deui ka kadaton gajah putih teh, ngawula ka Rahiangtang Kuku. Rahiangtang Kuku mulang deui ka Arile, dibawa dina gajah putih jeung Pwah Sangkari. Pwah sangkari teh ngomong: "Naha henteu aya emas saguri, sapotong sapaha jeung salengkepna papakean?" Tuluy bae ka Galuh, ka Rahiang Sanjaya, henteu nyimpang ka Arile. Dibawa na gajah putih ditutup ku lungsir putih tujuh kayu diwatangan mas mirah komara inten. Barang dating ti nusa Demba, tuluy ka kadaton, sanggeus cunduk, Rahiangtang Kuku nyarita ka Rahiang Sanjaya, naha resep mireungeuh gajah putih. Tanyana: "Mana?" Tuluy gajah putih teh ditumpakan, Pwah Sangkari disanghareupkeun ka Rahiyang Sanjaya. Sanggeus nepi ka padaleman, henteu balik deui. Carek Rahiang Sanjaya: "Na naon nu jadi karempan teh? Ayeuna aing hayang runtut raut. Aing jeung bapa, Rahiang Kuku, Sang Seuweukarma. Ayeuna aing moal ngalawan. Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagaian Dangiang Guru di tengah, bagian Rangiang Isora ti Wetan; jauhna nepi ka kalereun Paraga jeung Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka Kulon bagian Tohaan di Sunda." Sanggeus Rahiangtang Kuku mulang ka Arile, sadatangna ka Arile, putus hancana di dunya, hilang dina umur nu kacida kolotna. Rahiang Sanjaya sasauran, ngawulang anakna, Rakean Panaraban, enya eta Rahiang Tamperan: "Ulah arek nurutan agama aing, lantaran eta aing dipikasieun ku jalma rea." Lilana jadi ratu salapan taun, diganti ku Rahiang Tamperan. XV Mimiti Sang Resi Guru ngawangun kuta pulo Jawa, kutana teh nyaeta Galunggung, ti wetana Jawa. Di wates Sunda, aya pandita sakti, dipateni tanpa dosa, ngaranna Bagawal Sajalajala. Atma pandita teh nitis, nya jadi Sang Manarah. Anakna Rahiang Tamperan duaan jeung dulurna Rahiang Banga. Sang manarah males pati. Rahiang Tamperan ditangkep ku anakna, ku Sang Manarah. Dipanjara beusi Rahiang Tamperan teh. Rahiang Banga datang bari ceurik, sarta mawa sangu kana panjara beusi tea. Kanyahoan ku Sang Manarah, tuluy gelut jeung Rahiang Banga. Keuna beungeutna Rahiang Banga ku Sang Manarah. Ti dinya Sang Manarah ngadeg ratu di Jawa, mangrupa persembahan. Nurutkeun carita Jawa, Rahiang Tamperan lilana ngadeg raja tujuh taun, lantaran polahna resep ngarusak nu tapa, mana teu lana nyekel kakawasaanana oge. Sang Manarah, lilana jadi ratu dalapanpuluh taun, lantaran tabeatna hade. Sang Manisri lilana jadi ratu geneppuluh taun, lantaran pengkuh ngagem Sanghiang Siksa. Sang Tariwulan lawasna jadi ratu tujuh taun. Sang Welengan lawasna jadi ratu tujuh taun. XVI Enya kieu, mimiti Sang Resi Guru boga anak Sang Haliwungan, nya eta Sang Susuktunggal nu ngomean pakwan reujeung Sanghiang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiang Rancamaya. Tina Sanghiang Rancamaya aya nu kaluar. "Ngaran kula Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiang banaspati." Sang Susuktunggal, enya eta nu nyieun pangcalikan Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja, ratu pakwan Pajajaran. Nu kagungan kadaton Sri bima-untarayana madura-suradipati, nya eta pakwan Sanghiang Sri Ratudewata. Titinggal Sang Susuktunggal, anu diwariskeunana tanah suci, tanah hade, minangka bukti raja utama. Lilana ngadeg ratu saratus taun. XVII Rahiang Banga lawasna ngadeg ratu tujuh taun, lantaran polahna hanteu didasarkeun kana adat kabiasaan anu bener. Rakean di Medang lilana ngadeg ratu tujuh taun. Rakeanta Diwus lilana jadi ratu opatlikur taun. Rakeanta Wuwus lilana jadi ratu tujuhpuluh dua taun. Nu hilang di Hujung Cariang lilana jadi ratu taun, kaopatna teu cucud, lantaran salah lampah, daek ngala awewe ku awewe. Rakean Gendang lilana jadi ratu tilulikur taun. Dewa Sanghiang lilana jadi ratu tujuh taun. Prebu Sanghiang lilana jadi ratu sawelas taun. Prebu Datia Maharaja lilana jadi ratu tujuh taun. Nu hilang di winduraja lilana jadi ratu tilulikur taun. Nu hilang di Kreta lawasna jadi ratu salapanpuluhdua taun, lantaran ngukuhan kana lampah anu hade, ngadatangkeun gemah ripah. Diganti deui ku nu hilang di Winduraja, henteu lila ngadegna ratu ngan dalapanwelas taun. Diganti ku Sang Rakean Darmasiksa, titisan Sanghiang Wisnu, nya eta nu ngawangun sanghiang binajapanti. Nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan tina parahiangan. "Tina naon berkahna?" Ti sang wiku nu mibanda Sunda pituin, mituhu Sanghiang Darma, ngamalkeun Sanghiang Siksa. Boga anak nu hilang di Taman, lawasna jadi ratu genep taun. Boga anak deui nu hilang di Tanjung, lilana jadi ratu dalapan taun. Boga anak nu hilang di Kikis, lilana jadi ratu dualikur taun. Nu hilang di Kiding, lilana jadi ratu tujuh taun. Boga anak Aki Kolot, lilana jadi ratu sapuluh taun. XVIII Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, lantaran keuna ku musibat, Kabawa cilaka ku anakna, ngaran Tohaan, menta gede pameulina. Urang rea asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di Majapahit. Aya deui putra Prebu, kasohor ngaranna, nya eta Prebu Niskalawastu kancana, nu tilem di Nusalarang gunung Wanakusuma. Lawasna jadi ratu saratus opat taun, lantaran hade ngajalankeun agama, nagara gemah ripah. Sanajan umurna ngora keneh, tingkah lakuna seperti nu geus rea luangna, lantaran ratu eleh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, Hiang Bunisora, nu hilang di Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu ngereh lemah cai. Batara guru di Jampang teh, nya eta nyieun makuta Sanghiang Pake, waktu nu boga hak diangkat jadi ratu. Beunang kuru cileuh kentel peujit ngabakti ka dewata. Nu dituladna oge makuta anggoan Sahiang Indra. Sakitu, sugan aya nu dek nurutan. Enya eta lampah nu hilang ka Nusalarang, daek eleh ku satmata. Mana dina jaman eta mah daek eleh ku nu ngasuh. Mana sesepuh kampung ngeunah dahar, sang resi tengtrem dina ngajalankeun palaturan karesianana ngamalkeun purbatisti purbajati 35). Dukun-dukun kalawan tengtrem ngayakeun perjangjian-perjangjian make aturan anu patali jeung kahirupan, ngabagi-bagi leuweung jeung sakurilingna, ku nu leutik boh kunu ngede moal aya karewelanana, para bajo ngarasa aman lalayaran nurutkeun palaturan ratu. Cai, cahaya, angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggaman pangayom jagat. Ngukuhan angger-angger raja 36), ngadeg di sanghiang linggawesi, puasa, muja taya wates wangenna. Sang Wiku kalawan ajen ngajalankeun angger-angger dewa, ngamalkeun sanghiang Watangageung. Ku lantaran kayakinan ngecagkeun kalungguhanana teh. Diganti ku Tohaan Galuh, enya eta nu hilang di Gunung tiga. Lawasna jadi ratu tujuh taun, lantaran salah tindak bogoh ka awewe larangan ti kaluaran. XIX Diganti ku Prebu, putra raja pituin, nya eta Sang Ratu Rajadewata, nu hilang di Rancamaya, lilana jadi ratu tilupuluhsalapan taun. Ku lantaran ngajalankeun pamarentahanana ngukuhan purbatisti purbajati, mana henteu kadatangan boh ku musuh badag, boh ku musuh lemes. Tengtrem ayem Beulah Kaler, Kidul, Kulon jeung Wetan, lantaran rasa aman. Teu ngarasa aman soteh mun lakirabi dikalangan jalma rea, di lantarankeun ku ngalanggar Sanghiang Siksa. XX Diganti enya eta ku Prebu Surawisesa, anu hilang di Padaren, Ratu gagah perkosa, teguh jeung gede wawanen. Perang limawelas kali henteu eleh. Dina ngajalankeun peperangan teh kakuatan baladna aya sarewu jiwa. Perang ka Kalapa jeung Aria Burah. Perang ka Tanjung. Perang ka Ancol kiyi. Perang ka Wahanten Girang. Perang ka Simpang. Perang ka Gunungbatu. Perang ka Saungagung. Perang ka Rumbut. Perang ka Gunungbanjar. Perang ka Padang. Perang ka Pagoakan. Perang ka Muntur. Perang ka Hanum. Perang ka Pagerwesi. Perang ka Madangkahiangan. Ti dinya mulang ka pakwan deui. Hanteu naunan deui. Ratu tilar dunya. Lawasna jadi ratu opatwelas taun. XXI Prabu Ratudeawata, enya eta nu hilang kasawah-tampian-dalem. Ngajalankeun kahirupan saperti rajaresi. Tanpa Pwah Susu. Disunatan, maksudna supaya bersih, suci tina kokotor ari dikumbah, disunat ku tukangna, pituin Sunda eta teh. Datang huru-hara, musuh loba teu kanyahoan ti mana asalna. Perang di buruan ageung. Tohaan Sarendet jeung Tohaan Ratu Sanghiang kasambut. Aya pandita sakti dianiaya, pandita di sumedang. Sang pandita di Ciranjang dipaehan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri digubruskeun ka sagara. Aya pandita sakti taya dosana. Munding Rahiang ngaranna, digubruskeun ka sagara, henteu paeh, hirup keneh, ngilang tanpa ninggalkeun ragana di dunya. Katelah ngaranna Hiang Kalinganja. Ku lantaran eta masing iatna anu masih tinggal di belakang kali, ulah arek hirup api-api pupuasaan. Tah kitu kaayaan jaman susah teh. Prebu ratudewata, lilana jadi dalapan taun, kasalapanna tilar dunya. XXII Diganti ku Sang Ratusakti Sang Mangabatan di Tasik. Enya eta anu hilang ka Pengpelengan. Lilana jadi ratu dalapan taun, lantaran ratu lampahna cilaka ku awewe. Larangan ti kaluaran jeung ku indungtere. Mindeng maehan jalma tanpa dosa, ngarampas tanpa rasrasan, hanteu hormat ka kolot, ngahina pandita. Ulah diturut ku nu pandeuri, lampah ratu kitu mah. Tah kitu riwayat sang ratu teh. XXIII Tohaan di Majaya eleh perang, lantaran kitu hanteu cicing di kadaton. Manehna nu nyipta sanghiang Panji, ngendahan kadaton, dibalaj diatur mirupa taman mihapitkeun panto larangan. Nu ngawangun bale bobot tujuhwelas jajar, diukir diparada diwujudkeun rupa-rupa carita. XXIV Dina jaman jalma sajagat hanteu ngalaman kajahatan disebutna jaman kreta. Henteu aya nu ngajadikeun ancurna jagat. Dina jaman dopara, jaman parunggu, saterusna diganti ka jaman kali, jaman beusi, Sang Nilakendra, dilantarankeun lila teuing dina kasenangan, ngumbar hawa napsu. Bogana anak, kana hatena geus kaancikan ku rekadaya, nya nurunkeun pertapa, incu pateterean. Inuman keras dianggapna saperti cai wujudna godaan napsu. Jelema nu ngahuma rewog baranghakan, teu gumbira lamun teu pepelakan. Lila ratu ngalajur napsu dina barang dahar, teu nurutkeun adat kabiasaan, enggoning ngumbar kasenangan borakborak da nganggap saluyu jeung kabeungharanana. Lilana jadi ratu genepwelas taun. XXV Diganti ku Nusia Mulya. Lilana jadi ratu duawelas (!) taun. Mimiti datangna perobahan. Buana lemes nyusup ka nu kasar, timbul karusakan ti Islam. Perang ka Rajagaluh, eleh Rajagaluh. Perang ka Kalapa eleh Kalapa. Perang ka Pakwan, perang ka Galuh, perang ka Datar. Perang ka Ma(n)diri, perang ka Patege, perang ka Jawakapala, eleh Jawakapala. Perang ka Gegelang. Meuntas perang ka Salajo; kabeh eleh ku urang Islam. Kitu nu matak kabawah ka Demak jeung ti Cirebon. Dicutat tina Atja (1968) Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Bandung: Jajasan Kebudajaan Nusalarang