Kumpulan Karya Aji Nurhamzah Angkatan 2010


Sajak # Bima Putra #

Kawah candradimuka
Nyalukan Jabang Tutuka
Anu paéh salah wayah
Nandangan Naga Percona


Disipuh ku para déwata
Rarancang Sanghiang Widi
Deudeupan nagri kahiangan
Palintang jadi panglima perang


Ngaguruh angin puyuh
Ngarabut akar jajantung
Jagat meredong
Dibaturan cimata langit
Gatot Kaca turun timega malang
Tunggang Garuda Arimuka

__Hei Naga Percona
Ieu kaula Gatot Kaca
Nu bakal mawa anjeun ka tegal pati
Rasakeun, rasakeun, rasakeun kasktén kaula
Ajian Brajamusti...

Dor dar gelap di panca buana
Nyalukan nagri kahiangan
Neda widi ka Sanghiang
Nyabut pati nu jadi musuh sinatria


Ngarumpuyuk Naga Percona
Berebet lumpat Gatot Kaca
kerewek beuheungna dicekel
Belewer dialungkeun ka awang-awang

Mesat ngapung putra sangarimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila, beuki luhur baé

Punah angkara murka
Balébat harepan geus kasampak
Bungah amarwatasuta
Gatot Kaca panglimana

29 Januari 2013

Sajak # Kembang Patamorgana #

Ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang
Geter rasa cumarita
Sono patepang dina impénan

Halimun peuting nangkeup cahaya ti kaweningan
Dalingding angin mawa kumalayang ka méga malang
Ngaworkeun rasa nu pinuh ku kahéman
Neuteup anjeun jadi angkeuhan akang

Duh nyai
Geuning anjeun kembang patamorgana
Nu sakolépat dina raga
Nyimpen hasrat mika cinta

29 Januari 2013

Sajak # Juragan Dasamuka #

Leumpang gancang muru puseur dayeuh; salaksa jét melesat ka awang-
awang. Mawa ringgit jeung hépéng keur rorongkong nu bakal mawa jitu keur
manéhna. Wur, ringgit jeung hépéng diawurkeun. Sora gumuruh
ngendagkeun jajantung mirig sukma saréréa. Boa ieu, boa ieu nu bakal
mawa cahaya kaweningan. Ceuk saurang nu semu nyampoyong. Meuweuh
paceklik unggal tung-tung lembur, ringgit jeung hépéng numpurkeun
pancasila jeung undang-undang. Dualas rébu lima ratus ngendagkeun
kayakinan saréréa.
Bodo, bodo geus cangcaya ka juragan dasamuka, nu ngabéla karohakaan.

29 Januari 2013

Sajak # Sagara Impénan #

Nu napel na lelembutan
Saban peuting nu ngawang-ngawang
Teu matak cangcaya
Geuning anjeun nu anyar pinanggih

Soca anjeun lir ibarat jaladri
Hérang ngemplang taya papadana
Nanjeurkeun dina ati
Balayar saba jaladri nagri

Teuteupan panon hideung
Nebak atma ngukir wangwangan
Napak sagara impénan
Meuntas ati kembang lamunan

29 Januari 2013

Sajak # Murtad Sunda #

Kuring urang Sunda
Kuring jadi Mahasiswa basa jeung sastra Sunda
Nu unggal kuliah kudu ngomong basa Sunda
Nyatet dina buku kudu maké basa Sunda

Kuring maca, kudu buku Sunda
Kuring ngobrol jeung batur kudu Sunda 

Étika kuring kudu Sunda
Hirup kuring geus Sunda batur-batur

Kabéh Sunda
Sagala Sunda
Ieu Sunda
Itu Sunda

Horéam aing, Sunda, Sunda, Sunda
Iraha atuh aing ngomong inggris
Iraha atuh aing ngomong basa deungeun
Geus teu hayang, Sunda, Sunda, Sunda

Nyata ayeuna dulur
Basa Sunda rék dileungitkeun ku juragan Mentri
Aing bungah, aing rék pindah ti Fakultas nu eusina, Sunda, Sunda, Sunda
Kajeun murtad Sunda ti batan éra kabina-bina

29 Januari 2013

Sajak # Jagat Satria #

Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Ngadeg satria koncara ti Amarta
Satria Pandawa luhung budina
Pasopati ngaléntabkeun musuhna

Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Hareupeun kelir
Jungjunan nu pinuh kucinta
Jungjunan nu miboga rasa
Jungjunan nu buméla ka rahayatna

Hareupeun kelir
Pandawa nyingraykeun musuhna

Hareupeun kelir
Batarayuda saksina

Hareupeun kelir
Meupeuhkeun nu rohaka

Hareupeun kelir
Punah angkara murka

24 April 2013

Sajak # Sunda Peryoga #

Dulur
Pangjagakeun basa warisan karuhun
panggeuingkeun turunan urang nu embung meuweuh kahéman
hudangkeun sumanget nu mustari
sangkan nyekel pageuh jati dirina

Dulur
geura miang ka Walanda
paheutkeun dina dada
anjeun teu pireu
prung padungdung nonoman Sunda!

Ngaguruh geni dina dada
salaksa kujang peryoga
mata seukeut jamparing na kayakinan
nyangga darma tinu kawasa

Sora goong ngendagkeun jajantung
tarompét nérétét nurihan haté
Sunda padungdung tarung
tumpes saha-saha anu deleka

Kuningan 26 Februari 2013 Aksi Budaya Hima Dikbastrada jeung Béngkél
sastra STKIP Muhammadiyah Kuningan


Sajak # Riksa Diri #

Bissmilahirohmanirrohim
Kalawan nyebat jenengan Alloh
Nu Maha Welas tur Asih
Kuring nurutkeun haté
Kana tulisan leutik

Geus nepi mana kahirupan urang
Geus boga naon keur jaga pagéto
Lain urang kaamanatan
Mingpin diri sangkan leuwih amanah

Urang rék mawa naon keur bahan pagéto
Rék mawa amal hadé
Rék mawa kadunyaan nu teu di paliré
Geus salah kaprah hirup urang

Ngagugulung kasenangan saharita
Dimana jiwa pamingpin urang
Nu geus dibéré amanat ku Kagungan Alam
Ngucap syahadat saméméh di jero kandungan
Tandaning urang siap nyekel amanat
Gubragna urang kadunya
Naha geus jadi pamingpin nu amanah
Mana janji urang ka Gusti
Anu rék satya ka mantenna
Kamanakeun Al-Qur’an
Nu jadi cecekelan urang sadaya

Riksa diri urang ayeuna
Beulah mana ka kurangan urang
Beulah mana kalakuan nu jadi codéka
Beulah mana caritaan nu nyeurikeun batur

Gusti...
Nu Maha Welas tur Asih
Neda Hampura nu kasuhun
Nu teu amanah kana paréntah Gusti
Nu teu nyekel bebeneran Al-Qur’an.

29 Januari 2013 

Sajak # CAPRESKU #

Sodara-sodara
sebangsa dan setanah air
Tolonglah, biar saya saja yang jadi presiden.
anda jadi rakyat jelata saja, nanti saya lakukan KKN.
jangan hawatir, jadi rakyat jelat selalu dikasih RASKIN, untuk makan
keluarga anda.
terjangkaulah untuk anda.
saya juga mohon, saya ingin menjual sedikit bahasa dan budaya kita.
nanti kita bisa gunakan bahasa dan budaya lain.
tak usah pusing memikirkan semua itu.
andakan rakyat jelata.
tak usah nawarlah, biar saya saja yang jadi presiden.
anda, cuma perlu coblos nama saya saat pemilu.
tidak apa-apa, saya yang tanggung semuanya di aherat nanti.
biar, nanti saya LPJ di depan Tuhan.

29 Januari 2013

Sajak # Tuhan Mati #

Aku mati
Tubuhku membusuk

Jarum morfin liar di benakku

Aku mati
Tubuhku terbalur nanah

Pelacur tidur bersamaku

Tuhan mati
Hatiku keras membatu

08 Maret 2013


Sajak # Cerita Untuk Tuhan #

Dulu
Aku senang bersepeda
Melewati rindangnya pepohonan
Memuji alam desaku

Dulu
Nenek selalu bercerita
Ketika aku hendak tidur
Bercerita tentang alam desaku

Dulu
Kakek tak pernah lelah mencangkul
Berjalanpun ia sanggup
Sanggup memikul
Sanggup menggendongku

Udara
Sejuk
Pohon
Rindang
Air
Bersih
Revolusi
Menjadi Bencana

Apa yang terjadi?

Tuhan tidak melihatku menangis
Kakek
Nenek
Entah menjadi apa sekarang

Kuda menjadi besi tembaga
Sawah menjadi rumah istana

Desaku
Hanyut

Tuhan
Berapa lama revolusi ini akan terjadi?
Sudahkah Tuhan bicara pada alam desa?
Apa alam desaku senang revolusi ini?

Kuningan 12 Mei 2013




DAYANG SUMBI                                                    D
Yang katanya Aku mawar                                                                  A
Yang katanya Aku berduri                                                     Y
Yang katanya Aku risau                                             A
Yang katanya pisau                                         N
Yang katanya Aku sehelai kertas        G
Yang katanya Aku mabuk di tengah dangau
Yang  katanya Aku Sinderela.
Membalikan fakta, mereka-reka alur hidup dalam naskah
Menghilangkan kereta kencana dengan
gumam mantra Dewa-dewa              S
Yang katanya Aku mawar                              U
Yang katanya Aku berduri                                         M
Yang katanya Aku layu                                                          B
Yang katanya Aku matahari                                                               I
Yang katanya Aku air
Yang katanya memberi nafas pada setangkai
Ya, Aku Dayang Sumbi
 
Kuningan, Oktober 2013

KABATINAN
………………..
Dulur batin dulur lahir batin anak batin
Nyampak dina embun-embun
Dulur lahir batin anu opat kalima pancer
Kawula ménta ki dipangjagakeun kadulur
Dulur batin dulur lahir batin anak batin
Nyampak dina embun-embun
Dulur lahir batin anu opat kalima pancer
Kawula ménta kidung sima keur balaréa
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Ya ajimu ya robal alamin
Dulur batin dulur lahir batin anak batin
Nyampak dina embun-embun
Dulur lahir batin anu opat kalima pancer
Lahir batin anu arék hasud kabadan kawula

Kuningan, Oktober 2013
 
Ahh…
Déng
Awét rajét
Awak aing dina batu

Ngagalaksak
Awét rajét
Mata aing dina batu

Déng teuing
Awak aing dina batu
Mata aing dina batu
Ngagalaksak
Awét rajét

Déng
Awét rajét
Awak aing dina batu

Kuningan, Oktober 2013





BAYU WENING
Nincak wening anu nyangkaruk dina bulu halis katumbiri. 
Réh bayu gumalindeng kana sukma. 
Anjeun nu nyumput nyalindung dina caah halimun. 

Siliwangi tatan-tatan di Pasir gadang. 
Panon mencrong lir hinis megatkeun jajantung. 
Naha anjeun pireu? 
Kula mo sudi. 

Riakna langit ngaworkeun bayu. 
Hadé lengkah, nutur kelir padalangan. 
Geura tabeuh goong padungdengan. 
Nincak wanci nu mustari. 

 Kuningan,03 Agustus 2013


Gembala
Menggenggam satu bait irama sajak
Ceritakan anak gembala sedang risau
Dia langkahkan kaki lewati teluk
Membasuh muka dengan air tawar

Kuningan, Oktober 2013


Fikmin # Pél Putus Cinta #
Lep. Pél dilegleg. Lima tablét. Gelekgek. Ci téh amis. Kumalayang. Nyawang kanu anggang. Lep deui lima tablét. Nyéréngéh. Seuri sorangan.

Meuntas jalan. Gupuy-gapay. Ngeureunkeun mobil jeung motor nu liwat. "Gélo siah" Ceuk nu mawa motor. Ngan ditémbalan ku seuri leutik. Leumpang asa ngalayang. Bumi asa muter. Boa épékna.

"Kabogoh Kuring nu kamari, calon sarjana ékonomi. Geulisna kawanti-wanti. Ngan hanjakal ditinggal pergi," Ngawakwak sisi jalan.

10 Mei 2013
Fikmin # Parkiran #
Isuk-isuk. Siga ti sasari. Motor jeung mobil pagegeyek. Parahi hayang asup ka tempat pangiyuhna. Béh teu kahujanan baruk téh. Isuk ieu Odon kabagian dines. Ba’da subuh Odon geus taraptip. Rap. Pakéan dines dipaké. ”Sarapan heula Kang,” ceuk Pamajikanna. Ceg kana piring. Odon cacamuilan. “Angkat heula nyi,” jung. Odon mangkat ka tempat gawéna,“ saban mipir jalan. Ras inget ka si Utun Inji. “Poho, teu nyium heula,” gerentes haténa.

“Terus… Terus…” Odon sigep markirkeun mobil. Belewer duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Mata poé geus luhureun tangkurak sirah. Ngahéab. Regot és kalapa. “Kurang teu ésna, Don?” Mang Udi nanya. “Cekap Mang,” témpasna. “Aya mobil nu rék ka luar tuh,” Mang Udi tutunjuk.

“Kiri.. Kiri… Kiri…, ya terus,” Odon meuntaskeun mobil. Belewer deui duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap deui kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Séot. Beledag. Motor ngabelesat, nempo Odon bacucuran getih sisi jalan.
22 April 2013

Fikmin # Getih Kasedih #
"Kumaha ieu Pa," Indungna muka caritaan. "Apa gé lieur kedah kumaha. Gering kamari téh lain waras, kalah ka nambahan panyakit. Kumaha seug Manéhna apaleun boga panyakit nu kitu patut," barabay cipanon maseuhan pipi. "Kajeun kamari Apa nu mélaan nyumbang getih keur si Ujang, tibatan kudu nyokot ti PMI," Témbong kakeuheul. "Rawat deui kitu?" témpas Indungna. "Mah Ujang ameng heula un," nyéréd momobilan ka buruan.

Abong imah sisi jalan, reuwas jeung reuwas lamun budak ulin di buruan. Mobil ting serepet. Motor ting saréot. Geus teu nyaah kana nyawa. Jegér... Budak kateumbrag mobil. Getih ngabayahbah. "Tulung...... budak, budak Kuring katabrak mobil," Carawak nu teu jadi harti. Belenyeng Kuring langsung ka Rumah sakit "Punten pa, kedah tambah darah, tos seueur darah kaluar. Ka PMI nyandak darahna," pok Dokter. Ceunah mah Kuring teu cocok getihna jeung si Ujang. Nempo budak bacucuran getih. Gebeg. Reuwas, sing teu kaburu katulungan.

Geus sajam Kuring antri. Teu siga ti sasari PMI ngayakeun donor bébas. Kabéh jalma parahi hayang donor. "Béh séhat," ceuk hawar-hawar ti tukang mah. Bus. Jalma tatoan ka Tempat donor.

23 April 2013


Fikmin # Euweuh Béjana #
Kapaksa. Disiksa. Katingker ku tegalan pati. Sora péstol, layon pabalatak, getih ngabayahbah sisi jalan, geus umum, lain jadi rusiah keur Ukim. Lain ukur manéhna, kabéh rahayat ngarasakeun. Gawé paksa nu diterapkeun ku Walanda, nyangsarakeun sakumna rahayat leutik nu teu boga titél pendidikan.
"Kecruk.. Kecruk.." Pacul Abah Karta jeung nu séjénna diaradu jeung taneuh. Gék. Abah Karta nyanghunjar luhureun batu. "Abah reureuh heula Kim," Ceuk Abah karta. Hemar-hemir.

Jol Walanda nu kulitna hideung tur jangkungna sapantaran Ukim. "Héy Pak Tua, geula digawé," Walanda neunggeul Abah Karta. Bekkk.. "Aduh!" Abah Karta nahan kanyeri. Neuleu Abah Karta diteunggeul, Ukim males neunggeul. "Beledag.." Walanda ngagolépak. Prit... Prittt.. "Kamu pembelontak, halus dimasukan ke tahanan," ceuk Robert Van Boomel.
Ukim dibui. Saprak harita, ngaran Ukim jeung Abah Karta euweuh béjana.

18 April 2013

Fikmin #Tilu Léngkah Révolusi#
Gap, bandéra dikebut-kebut. Barabat korlap ngarahkeun masa ka hareupeun gedong sigrong. Brul, kabéh leumpang. Galindeng Indonésa raya. Jalan sahéng. "Téétt.. Téétt..." Sora klakson rabeng disarada. "Kajeun, sangkan masarakat apal nu teu dipikanyahona, yén hak maranéhna teu dipaliré," Korlap ngaintruksikeun, sangkan masa waka méré jalan ka nu laliwat. Sabudeureun gedong sigrong geus pinuh ku ratusan Mahasiswa. Anggota Déwan bur-ber néangan témpat panyumputan. Pulisi jeung jeung Satpol PP geus saged nahan masa.

Potrét kiwari, jadi tanda. Aspirasi Mahasasiswa geus mo didéngé. Rahayat geus kumaha karepna. Teuing, nepi mana bakal tungtungna. Ceuk béja Nagara Urang kaya, ceuk béja Nagara Urang démokrasi, ceuk béja Nagara Urang ahéng ku budaya, ceuk béja Nagara Urang, Nagara Urang jeung sajabana.

17 April 2013

Fikmin # Cap Orang Tua #
"Montong balik deui ka imah, geus teu sudi nempona ogé. Ti poé ieu, ulah anggep deui aing kolot manéh. Indit sia," Bapana ambek, teu tumarima kana lalampahan anakna. Iding ngaléos ninggalkeun imahna. "Duh Gusti, salah naon simkuring, naha atuh anak téh bet jadi nu teu dipiharep. Saban poé, ngan ukur ngagugulung pidosaeun," juuh cipanon, bari mebeskeun manéh kana bantal.

Layung geus némbongan, sora adan magrib geus nyalukan. Leumpangna meni teu walakaya, tetempoan remeng-remeng. Tangkurak sirah beurat ku rewuan pél éxtesi. Ngubeng, lir kincir anu muter satakerna. Golépak. Iding ngagolér sisi jalan. Kaluar budah tina lalambéna.

"Ilaing geus waktuna ingkah ti Dunya Iding, ayeuna ilaing kudu milu jeung kula," ceuk nu maké jubah hideung. "Waka heula dicandak nyawa kula nun, kula sieun Naraka," Iding hemar-hemir. "Geus papastén ieu mah, montong nolak siah" nu maké jubah neunggeulkeun pepentungna.

Beledag.... Tangkurak sirahna kateunggeul ku Botol cap orang tua. Blug. Iding ngagolépak sisi jalan.

26 Maret 2013

Fikmin # Warta#
Di Pom bénsin Cimekar, motor jeung mobil ngabrul ka dinya. Geus hésé pisan usik. Paingan di pom nu séjénna mah geus masang plang “Bénsin kosong” geuning da nu mareulina mélaan antri ti isuk jeput. Jaba marawa jarigén deuih, salian ti ngeusian kana kandaraanana teh. Bénsin nu di sisi
jalan geus naék hargana jadi sapuluh rébu. Teuing ti iraha mimitina, bisa naék jiga kitu patut. Ayeuna kbéh Radio jeung TV keur paheula-heula ngawrtakeun kajadian nu keur sahéng di masarakat.

“Aya warta naon euy, meni husu kitu,” brek, Iding langsung cingogo hareupeun tv. “montong gandéng,” témpas Tatang, semu ambek. Jalan Sudirman sahéng ku ratusan Mahasiswa. Orasi dimana mendi. KPK jeung polisi pulang anting néangan anu bakal méré sogokan. “Koran!, koran!, koran!, Présidén bunuh diri, koruptor telah pergi,” tukang koran milu riweuh nawarkeun daganganna.

Dor-dor-dor!!! .., sora nu gegedor kana panto "aya saha di jero imah,
buka." Ceuk nu di luar. "Ulah dibéjakeun aya di imah," Tatang ngawanti-
wanti ka Iding. Bray. Panto dibuka. "Tatangna aya dak? Montong ka luar
heula, béjakeun." kitu ceuk jalma jangkung hideung, nu tuluy ngaléos. Iding
melengek.

4 April 2013

Fikmin # Jas Beureum #
Jas beureum nu ngagantung di jero lamari. Bray panto lamari dibuka. Rap dipaké, dicobaan. Katempo keretas salambar luhureun méja, gap langsung dibaca eusina nepi kaimeut. "Rék diringkus, rék diabuskeun kana sél, teu paduli. Jas beureum, jeung rahayat leutik jadi harga diri aing," ceuk Atmasuria, katelah aktivis kampus anu kahot, jeung gedé wawanén.

Brul ratusan Mahasiswa ti beulah kalér. Jalan Siliwangi jadi lautan jas beureum. Spanduk nu pinuh ku jargon, jeung sindiran keur koruptor dipentangkeun. "sakumna Mahasiswa, teu gedag bulu salambar, najan péstol némpél dina tangkurak sirah. Nyingkah sia koruptor" Atmasuria orasi hareupeun Pémda.

Polisi ngajéjér hareupeun Pémda, péstol jeung sagala pakarang geus siap sadia, keur ngajaga bisi aya karusuhan. "montong satengah-satengah jadi aktivis mah jang, Mahasiswa téh sorana rahayat leutik, nu kudu dibela" ceuk bapana. Atmasuria beuki ngaléntabkeun sora kana mikropon.

31 Maret 2013

Fikmin #Balik Sakola#
Matapoé geus na mumunggang gunung. Layung beureum pareng jeung léngkah Dayat nu nyorang pangbalikan. Saban lembur kaliwatan, péngkolan jeung tanjakan geus katincak. "duh Gusti kuatkeun kuring," Dayat nahan hanaang dina tikoro garingna. "badé dina motor jang?" tukang ojég eureun hareupeun Dayat. "henteu kang, tos caket." témbal Dayat semu leuleus. Réwuan léngkah kabayaran, ku panto imah anu geus kasampak hareupeun matana. "kajeun suku péngkor, kajeun tikoro béngkok, tibatan teu asup sakola." gerentes Dayat nu narima kana kaayaan.

8 Maret 2013

Fikmin # Balik Sakola II #
Matapoé geus di luhureun tangkurak sirah. Panasna meni teu surti ka nu laleumpang. Késang nyurucud, tikoro garing, da geuning poé nongtoréng. Jalan raya sahéng ku nu balik dines jeung sakola. Motor jeung mobil seselendepan. Atuh leumpang téh beuki mipir-mipir pasir. Saban léngkah mapay jalan pangbalikan, katempo és kalapa anu nyalukan, céndol Bandung ngaléléwé, komo és campur ngadodoho baé. "beu, ngeunah sigana itu inuman téh. Hanjakal duit téh kari sarébu," ceuk Dayat bari neureuy ciduh. "és kemong, és kemong," tukang és kemong gogorowokan beulah kéncaeun jalan. Dayat muka dompétna, nyokot sisa duit bekel sakola. "mang, mésér és kemong," Dayat ngasongkeun duit sarébu. Tidid.. tidid... tidid.... Sora klakson motor ti kajauhan. Blug. Dayat rubuh. Juuh cipanon sabudeureunna. Éstuning pikawatireun nu nempo.

11 Maret 2013

Fikmin #Balik Sakola III#
Jagat ngadadak jadi simpé, anu laleumpang pating colohok nepi ka matana ngaburial kaluar. Mobil jeung motor nu silih pépéd, jadi ting keteyep jiga kuya. Sirineu ambulan ti kajauhan geus kadéngé gorowokna, kandaraan beuki mépéd ka pinggir, méré jalan ka mobil ambulan. "punten pa, ieu murangkalih tos kapaéhan," tukang és kemong pinuh ku kahariwang. Cur cor getih ti mana mendi, sakabéh awak baseuh ku getih. "tabrak lari, tabrak lari eta mah," sora hawar-hawar kadéngé ku Dayat nu keur kapaéhan. "jang, jang, tos mendingan?" Dokter nanya ka Dayat nu geus sadar.

12 Maret 2013

Fikmin #Balik Sakola IV#
Mongkléng saparat langit. Bulan jeung béntang teu némbongan sakolébat-kolébat acan. Girimis marengan peuting nu simpé. Kembang di buruan katirisan. Sato-sato nyarumput, bakating embung kabaseuhan. Kabéh jalma jempé, saukur nangkeup tuur jeung nyanghareupan kopi hideung. Rep, kabéh rohangan lampuna pareum. "gardu nu di hareup kagelap," jalma riwud teu puguh. Kabéh rohangan jadi sahéng. Budak orok ceurik sataker kebek, suster jeung dokter kabéh hariwang. "tenang, tenang," ceuk dokter. "Gusti, salametkeun jisim abdi," gerentes Dayat di jero rohangan. Kanyeri jeung kasedih, neumbrag Dayat nu cicing sorangan di rohangan.

12 Maret 2013

Fikmin #Wasta simkuring Nining#
Wawuh jeung manéhna téh keur jaman kelas 4 SD. Teu kahaja, nganteur bapana nyandak pangsiunan. Kabeneran lokétna sarua nomer sakitu. Kuring jeung manéhna dikenalkeun ku bapana masing-masing. Bari nungguan téh ngobrol mani uplek nepi ka balikna. Poé ka minggu, minggu ka bulan, bulan ka taun, kuring teu pernah panggih deui jeung manéhna, ti saparak harita geus nganteur bapa nyandak pangsiunan.
"Tétt.. tétt… tétt…." sora bél asup kelas. Barudak pating buriak asup ka kelasna séwang-séwangan. "Dinten ayeuna kelas X A kadongkapan murid anyar," barudak sakelas éprak. "Wasta simkuring Nining" Manéhna ngawanohkeun. "Gusti, geuning manéhna, nu harita ngobrol jeung kuring di rohangan ," gerentes kuring.

9 Maret 2013

Fikmin #Wasta simkuring Nining II#
Jam katilu geus kaliwat, ayeuna geus cunduk kana waktu istirahat sakola. "Tétt.. tétt.... tétt...." bél istirahat disada. "Mangga istirahat, ké urang lajengkeun deui diajarna minggon payun," ibu guru mungkas pangajaran poé ieu. Unggal istirahat, kantin téh mani sahéng kunu jarajan, aya nu jajan ciréng, somay, cilok, batagor, jeung réa-réa deui. Batur sakelas mah keur pakupis ku jajanan, silih asaan. Katempo ti hareupeun kelas, Nining keur cicing teu kecét-kecét acan. Can boga batur katempona mah. "Masih tepang?" kuring nyampeurkeun ka hareupeunna. Nining teu némbalan. "Kuring nu baheula ngobrol jeung anjeun di rohangan bank." Nining angger teu némbalan. Teuing poho, teuing dipoho-pohokeun. "Punten, abi badé ka perpus heula," bari ngaléos kaluar.

11 Maret 2013

Fikmin #O D#
Hiji poé, di hiji imah. "Enggeus, ari rék kieu baé mah. Eweuh parobahan pisan. Ti mimiti poé ieu urang pipisahan." Ceuk Méméd. Kaluar cimata budak awéwé anu ngadéngé kolotna pipirakan.
"Allahu Akbar, Allahu Akbar" Ngagalindeng sora adzan subuh neumbrag sora kasét jeung lampu diskotik nu pating baranyay. Ret, sora diskotik jadi jempé. Kabéh jalma pating buriak balik séwang-séwangan.
"Néng nuju naon?" Edi nanya ka budak nu cangeluk hareupeun gerbang diskotik nu geus tutup. Budak tanggah saeutik-saeutik nempo Edi bari seuri leutik. "Geuning teu acan uih?" Edi nanya nu kadua kalina. Budak angger ngajawab ku seuri leutik. "Néng, néng, kunaon?" Edi reuwas, bari ngoyag-ngoyag awak budak awéwé nu beungeutna jadi pias. Budak ngasongkeun leungeunna, bari nembongkeun cangkang obat. Dina cangkang obat aya tulisan "Harus sesuai dengan resép dokter."
"Ba, ba, bapa" Prak, budak ngadimprak teu walakaya, bari kaluar budah tina sungutna.

7 Maret 2013

Fikmin #Private Number#
Peuting ieu mah asa rada coréngcang. Tiiseun pisan siga di pajaratan. Pipikiran jadi marojéngja, teuing nyawang kamana ari uteuk kuring. Basa kamari mah asa hirup kuring téh, da loba babaturan téa. Tapi ayeuna mah siga aya di jero pajaratan. “Kirining, kirining, kirining” télépon disada. “Hallo!!” Kuring ngangkat télépon. “Ahh, jalma téh euweuh gawé, tengah peuting nélépon, bari jeung private nomerna,” bari kukulutus dina jeuro haté. nomer private nu bieu nelepon deui “Hallo,” pok kuring. Nu nélépon teu kecét-kecét acan, nepi aya kana 15 menitna. Kuring ngahaja teu ditutup téléponna, hayang apal naon maksudna nélépon kuring. “Aa, abi sono ka Aa,” ceuk manéhna. Télépon langsung ditutup ku manéhna.

4 Maret 2013


Fikmin # K.A #
"Gejug. Gejug.. Gejug..." Awor sorana. Meuntas leuweung jeung gunung. Matak ngarey. Ras inget mangsa nu ka tukang. "Kecruk.. Kecruk..." pacul ngigel jeung buleudna batu. "Selamat datang di statsiun gubeng" ceuk sora na sapéker.
30 April 2013


Fikmin #Paguneman Peuting Lebaran#

“Abot, lamun seug kudu ninggalkeun si néng mah.” ceuk pamajikanana méméh saré. Ampir unggal waktu nyarita kituna téh. “Titip si néng,” pok deui pamajikanana. Bancét ngabangingik maturan peuting anu marojengja. Nyawang kaditu, nyawang kadieu, teu karuh jeung panjangna rél karéta anu maturan leumpangna pipikiran.
“Ngalih ka kamar Pa, tos wengi. Ulah kulem dina korsi,” néng Ica ngageuingkeun. “Ke énjing apanan badé jiarah ka makamna si mamah. Bilih lebet angin kulem di luar mah,” léos néng Ica ka kamar. “Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar,” sora takbir béh kuloneun imah.
“Tos ageung geuning Pa, si néng téh. Tos gaduh panginten nyah?” celekeung deui gambar halis pamajikanana.
  

Fikmin #Gandrung#
 Panonpoé mucunghul deui. Hujan teu cios maturan ameng. Nuju gandrung saurna. Lauk kokocépakan. Milarian hujan nu gandrung. Angin ngolébat ka palih kalér. Badé ngabéwarakeun ka lembur singkur, nu ngantosan ti bulan agustus, ba'da raraméan di balé désa. "Hujan teu cios nyimpangna, nuju gandrung. Sakumna warga Singkur teu kenging ngarep-ngarep," ceuk angin nu sakolébatan.
 Batu di walungan barau, tara marandi. Pédah walunganna protés. Tara aya nu mayar cai. Hujan ogé nuju gandrung. Walungan bangkrut. Najan nuju protes, walungan mah réa baturna. Plastik és krim. Plastik ciki. Permén karét, sareng si és campur Mang Jojo. Janten waé teu gandrung sapertos hujan.
 Angin ngolébat deui ka lembur Singkur. Badé ngabéwarakeun deui. Pok angin "Hujan tos teu gandrung deui, énjing badé nyimpang ka lembur dieu," Lembur singkur sorak. Malah aya nu lulumpatan, ningal hujan nu teu gandrung deui. Walungan motah, plastik ciki bungah, plastik és krim mijah. Hujan teu gandrung deui.

Fikmin #Mobil Bok Bodas
"Kabéjaan ku Ki Lurah, adi. Bener, Mang Sartam téh maot?" Abah iwung daria naker. "Leres Aka," témbal Mang Joni. "Matak pikawatireun baruk maotna ogé?"Bereyek hujan gedé. Abaah Iwung jeung Mang Joni lumpat bedas. Sisi jalan deukeut sawah Mang Sartam, aya saung paragi ngiuhan. "Mang Sartam teu susuguh sasajén keur karuhun, basa panén kamari. Béasna hangru. Anak jeung Pamajikanna di Tabib Liong, keur diubaran." Derekdek Mang Joni nyaritakeun.Hujan beuki ngagebrét. Angin milu séah. Hawangan caah. Sasari mah loba nu nguseup atawa nu nyair. Katempo jarang kadieunakeunna mah.Ceuk Aki Samud, urang lembur Cisari téh geus tara susuguh di dauan. Matak kitu akibatna. Loba nu ngadadak gering.Geus dua bulan, mobil bok bodas éta remen liwat lembur Cisari. Mang Sartam pernah manggihan mobil éta téh keur di dauan. Teuing, barang nempo Mang Sartam, mobil langsung minggat."Bener Adi, keur loba musibah lembur urang téh." Abah Iwung nyindekeun.

Fikmin # Parkiran #
Isuk-isuk. Siga ti sasari. Motor jeung mobil pagegeyek. Parahi hayang asup ka tempat pangiyuhna. Béh teu kahujanan. Ba’da subuh, Odon geus tarapti. Rap. Pakéan dines dipaké. ”Sarapan heula Kang,” ceuk Pamajikanna. Ceg kana piring. Odon cacamuilan. “Angkat heula nyi,” jung. Odon mangkat,“ saban mipir jalan. Ras inget ka si Utun Inji. “Poho, teu nyium heula,” gerentes haténa.
“Terus… Terus…” Odon sigep markirkeun mobil. Belewer duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Mata poé geus luhureun tangkurak sirah. Ngahéab. Regot és kalapa. “Kurang teu ésna, Don?” Mang Udi nanya. “Cekap Mang,” témpasna. “Aya mobil nu rék ka luar tuh,” Mang Udi tutunjuk.
“Kiri.. Kiri… Kiri…, ya terus,” Odon meuntaskeun mobil. Belewer deui duit sarébu ti jero mobil. “Hatur nuhun Pak,” gap deui kana duit nu dialungkeun. “Sobék!” Odon ngarampa dada. Séot. Beledag. Motor ngabelesat, nempo Odon bacucuran getih sisi jalan.

0 komentar: