Conto Pidato Sunda

Biantara Laporan Ketua Panitia Pasanggiri Pupuh

Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan waktos sareng tempat ka
sim kuring kango ngadugikeun laporan panitia. Salajengna sim kuring seja
ngadugikeun salam ka sadayana; assalamu ‘alaikum warohmatullohi
wabarokatuh, ditéma ku kedaling puji ka Gusti anu Mahasuci; alhamdulillahi
robbil ‘alamin, réhna ku ayana widi ti Anjeunna ieu acara tiasa lumangsung
kalawan lungsur-langsar .
Hadirin anu dipihormat,
Sim kuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan
panitia anu parantos dipasihan kapercantenan kanggo ngokolakeun kagiatan
pasanggiri pupuh tingkat kacamatan. Sim kuring saparakanca anu jumlahna opat
welas jalmi kalayan resmi parantos di-SK- an ku Bapa Camat dua sasih anu
parantos kalangkung. Nya ti ngawitan harita sakumna panitia cuh-cih; ngayakeun
gempungan, nyusun rarancang kagiatan, milarian waragad, nangtoskeun waktos
sareng tempat lumangsungna pasanggirinyebarkeun uleman ka sakumna calon
patandang, nangtoskeun déwan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna
pisan acara dina dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka
Bapa Camat anu parantos masihan kapercantenan kanggo janten panitia. Ieu
kedaling panuhun téh ogé disanggakeun ka sakumna sesepuh sareng
paraseniman katut budayawan, anu parantos masihan panuyun, bongbolongan,
sareng rupi-rupi bahan ka panitia. Tanpa ayana panuyun ti aranjeunna, sim
kuring saparakanca bakal seueur utag- atog dina ngalaksanakeun ieu acara téh.
Teu hilap deuih sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka Bapa-bapa sareng
Ibu-ibu staf kacamatan katut lembaga sanésna anu seueur pisan masihan
bantuan ka panitia. Saterasna sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka
sakumna masarakat kacamatan Cikarang, hususna pisan mah ka anu ngariring
ancrub jenten patandang ieu pasanggiri.Namung sok sanaos kitu, alhamdulillah
pangbagéa ti masarakat kaétang ageung. Buktosna waé ti dalapan désa nu aya
diwewengkon Kacamatan Cikarang, sadayana ngintunkeun utusan. Salajengna ku
sim kuring badé didugikeun ka Bapa Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo
tingkat SD aya 46 patandang, sareng kanggo tingkat SLTP aya 18 patandang. Ku
émutan sim kuring mah ieu jumlah patandangtéh kaétang nyugemakeun.
Jalaran patandang kaétang seueur, ieu pasanggiri téh badé diduadintenkeun;
dinten ieu sareng dinten énjing. Kanggo dinten ie, patandang tingkat SD anu
kabagéan waktos. Énjing giliran tingkat SLTP, bari disakantenankeun sareng
wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan hadiahna mah insya Alloh badé
disarengkeun dina acara resépsi 17 Agustus, sakantenan badé digabungkeun
sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri katut perlombaan sanésna.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta miling
tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng
Dangdanggula. Upami pupuh pilihanana, saban patandang tiasa nyandak
salasawios ti saluareun anu opat nembé. Boh pupuh wajib boh pupuh pilihan,
sadayana ogé parantos disadiakeun ku panitia.
Dina ieu kasempetan,sim kuring sakantenan ngadugikeun sah-sahana girang
pangajén. Tangtos kanggo urang moal bireuk deui.Girang pangajén disesepuhan
ku Bapa Penilik Kebudayaan, lajeng diwuwuh ku réngréngan anggotana anu
seueurna opatan, nya éta Ibu Hajjah Cicih Sudarsih, Bapa Drs. Diki Darmawan,
Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra. Yuningsih. Alhamdulillah, sadayana girang
pangajén ayeuna parantos tiasa sumping.
Hadirin hormateun sim kuring,
Ieu pasanggiri tiasa lumangsung kumargi ayana pangrojong ti sadayan pihak.
Jalaran kitu, sim kuring saparakanca teu kinten nganuhunkeunana. Pamugi waé
kasaéan Bapa, Ibu, sareng Sadérék sadayana kalebet kana amal anu baris
diganjar ku Alloh swt., amin!
Ku tiasa lumangsungna ieu pasnaggiri téh sim kuring saparakanca gaduh
harepan, mugi-mugi waé perhatosan urang kana seni budaya titinggal karuhun
sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri pupuh, mugi-mugi sing kalebet kana
tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri urang.
Minangka pamungkas pisanggem, sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun
dihapunten tina sadaya kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos ari dina leresan
tataharna mah asa atos maksimal, tapi rupina ari kakirangan mah sok aya waé.
Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka sakumna patandang, girang
pangajén, sareng parauleman.
Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa lancar dugi ka lekasanana.
Sareng pamugi waé aya dina rido Gusti Anu Mahasuci, amin!
Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

0 komentar: